Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 63

Abdi Saksi Yéhuwa!

Abdi Saksi Yéhuwa!

(Yesaya 43:10-​12)

  1. 1. Jalma nyembah nu palsu,

    Allah kayu jeung batu.

    Aallahan éta

    Kabéh teu daya.

    Maranéhna ngaramal,

    Tapi hasilna gagal.

    Taya nu bisa méré bukti

    Éta téh allah sajati.

    (REFREIN)

    Abdi Saksi Yéhuwa,

    Wani ngémbarkeun warta.

    Allah abdi Allah sajati,

    Ramalan-Na kabukti.

  2. 2. Abdi reueus nguarkeun

    Warta K’rajaan Allah

    Sarta ngamashurkeun

    Nami Yéhuwa.

    Bantu sakabéh jalma

    Ningali bebeneran.

    Maranéhna iman ka Huwa,

    Milu nyanggakeun pujian.

    (REFREIN)

    Abdi Saksi Yéhuwa,

    Wani ngémbarkeun warta.

    Allah abdi Allah sajati,

    Ramalan-Na kabukti.

  3. 3. Kasaksian ka dunya

    Ngamulyakeun Yéhuwa,

    Ngélingan nu jahat

    Sangkan tarobat.

    Manéhna dihampura

    Mun ngaraket ka Huwa.

    Nu sapinuh haté ngabakti,

    Meunangkeun hirup sajati.

    (REFREIN)

    Abdi Saksi Yéhuwa,

    Wani ngémbarkeun warta.

    Allah abdi Allah sajati,

    Ramalan-Na kabukti.

(Tingali ogé Yes. 37:19; 55:11; Yeh. 3:​19.)