Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 64

Bungah dina Mangsa Panén

Bungah dina Mangsa Panén

(Mateus 13:1-23)

  1. 1. Ahirna mangsa panén datang,

    Gandum geus siap diala.

    Miluan ieu kagiatan,

    Kahormatan nu pohara.

    Urang dipingpin Putra Allah

    Dina ngala loba jalma.

    Tangtu urang bakal suka bungah

    Ningali hasil nu limpah.

  2. 2. Asih ka Allah jeung sasama

    Ngajurung urang ngawawar,

    Ngélingan ayeuna waktuna

    Jalma-jalma kudu sadar.

    Mun gawé bareng jeung Yéhuwa,

    Urang nampa loba berkah.

    Nu satia nepi panungtungan

    Bakal meunang kabagjaan.