Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 75

’Huwa, Mangga Utus Abdi!’

’Huwa, Mangga Utus Abdi!’

(Yesaya 6:8)

  1. 1. Nami Allah geus dihina,

    Jalma réa mitnah Huwa:

    Allah kejem, Allah lemah.

    Ceuk manéhna, ’Euweuh Allah.’

    Saha nu ngabéla Huwa?

    Saha nu muji Mantenna?

    (REFREIN 1)

    ’Huwa, mangga utus abdi,

    Muji nami Yah nu suci.

    Kahormatan nu pangluhurna.

    Huwa, utus sim abdi!’

  2. 2. Jalma mitnah Allah lila

    Sarta teu sieun ka Allah.

    Loba nu nyembah brahala,

    Muja jalma ganti Allah.

    Saha nu ngélinganana

    Sangkan inget poé Huwa?

    (REFREIN 2)

    ’Huwa, mangga utus abdi,

    Ngélingan sadaya jalmi.

    Kahormatan nu pangluhurna.

    Huwa, utus sim abdi!’

  3. 3. Jalma jahat beuki loba,

    Jalma nu soléh nalangsa.

    Manéhna pada néangan

    Panglipur ti bebeneran.

    Saha nu ngajar manéhna,

    Nu ngalilipur haténa?

    (REFREIN 3)

    ’Huwa, mangga utus abdi,

    Ngajarkeun firman sajati.

    Kahormatan nu pangluhurna.

    Huwa, utus sim abdi!’

(Tingali ogé Jab. 10:4; Yeh. 9:4.)