Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 80

’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’

’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’

(Jabur 34:9)

  1. 1. Urang reueus sarta bungah

    Bisa ngawula Yéhuwa,

    Ngorbankeun waktu sarta tanaga

    Ngawawar ka loba jalma.

    (REFREIN)

    Ceuk Firman Allah, ’Pék rasakeun

    Kasaéan Yéhuwa.’

    Anu ngabakti ka Mantenna

    Bakal bagja hirupna.

  2. 2. Nu dines sapinuh waktu

    Meunangkeun berkah nu limpah,

    Yakin ka Huwa anu nyumponan

    Sagala pangabutuhna.

    (REFREIN)

    Ceuk Firman Allah, ’Pék rasakeun

    Kasaéan Yéhuwa.’

    Anu ngabakti ka Mantenna

    Bakal bagja hirupna.