Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 83

Ti Imah ka Imah

Ti Imah ka Imah

(Rasul 20:20)

  1. 1. Ti imah ka imah lian,

    Émbarkeun Firman Yah.

    Ti kota ka kota lian,

    Ajar domba Huwa.

    Karajaan di sawarga

    Ayeuna ngawasa.

    Hayu urang, kolot, ngora,

    Sing getol ngawarta!

  2. 2. Ti imah ka imah lian,

    Émbarkeun nami Yah.

    Jalma bisa saralamet

    Mun nyambat nami-Na.

    Kumaha bisa sasambat

    Mun teu kenal Huwa?

    Hayu urang t’rus ngawarta,

    Ngenalkeun nami Yah.

  3. 3. Ti imah ka imah lian,

    Uarkeun K’rajaan.

    Rék ditolak, rék ditampi,

    Manéhna nu milih.

    Nu penting nami Yéhuwa

    Kamashur di dunya.

    Lamun urang t’rus ngawarta,

    Pasti manggih domba.

(Tingali ogé Ras. 2:21; Rum 10:14.)