KAWIH 86
Urang Diwuruk ku Yéhuwa
(Yesaya 50:4; 54:13)
-
1. Mangga sumping, diajar ngeunaan Allah;
Mangga nginum cai kahirupan.
Huwa masihan kalawan limpah
Piwuruk hadé keur kahirupan.
-
2. Pasamoan Kristen pohara pentingna,
Urang meunang bingbingan nu bener.
Dulur saiman tur roh suci-Na
Nguatkeun urang sangkan t’rus teger.
-
3. Korban pujian kacida ngawangunna;
Kawih urang pohara éndahna.
Mugia urang terus ngahiji,
Ngumpul bareng jeung umatna Gusti.
(Tingali ogé Ibr. 10:24, 25; Wahyu 22:17.)