Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 87

Pasamoan Méré Kakuatan

Pasamoan Méré Kakuatan

(Ibrani 10:24, 25)

  1. 1. Urang hirup di dunya anu sasab,

    Teu apal papakon Allah.

    Urang moal bisa kuat sorangan

    Mun teu dibingbing ku Allah.

    Masamoan nguatkeun iman urang,

    Mengkuhkeun harepan urang.

    Urang kajurung nyieun kahadéan

    Tur mupuk kasatiaan.

    Kumpulan ibadah paréntah Allah

    Nu kudu urang pilampah.

    Urang diajar jalan saéstuna

    Tur beuki nyaah Firman-Na.

  2. 2. Huwa terang naon nu panghadéna,

    Pék regepkeun piwuruk-Na.

    Sadiakeun waktu keur masamoan,

    Bukti ngandel ka Firman-Na.

    Kokolot sidang méré pangajaran

    Sangkan nyata iman urang.

    Dulur saiman méré kakuatan,

    Urang yakin teu sorangan.

    Bari miharep mangsa anu éndah,

    Kumpul jeung dulur saiman.

    Di pasamoan, urang bakal paham

    Hikmat kabijaksanaan.