Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 89

Regepkeun, Lampahkeun, tur Tarima Berkah

Regepkeun, Lampahkeun, tur Tarima Berkah

(Lukas 11:28)

  1. 1. Pangajaran Kristus nyaangan urang,

    Nunjukkeun jalan nu panghadéna.

    Urang bakal narima berkah limpah

    Mun nurut tur ngalampahkeunana.

    (REFREIN)

    Regepkeun tur lampahkeun

    Kabéh pangersa Allah.

    Lamun hayang narima berkahna,

    Regepkeun tur lampahkeun.

  2. 2. Ibarat imah di luhureun batu,

    Wangunanna kuat, moal rugrug.

    Lamun ngalampahkeun pituduh Yésus,

    Kahirupan urang bakal pengkuh.

    (REFREIN)

    Regepkeun tur lampahkeun

    Kabéh pangersa Allah.

    Lamun hayang narima berkahna,

    Regepkeun tur lampahkeun.

  3. 3. Ibarat tangkal di sisi walungan

    Anu buahan dina usumna.

    Lamun taat sabagé anak Allah,

    Meunang berkah tur hirup s’lawasna.

    (REFREIN)

    Regepkeun tur lampahkeun

    Kabéh pangersa Allah.

    Lamun hayang narima berkahna,

    Regepkeun tur lampahkeun.