Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 95

Jalan Urang Beuki Caang

Jalan Urang Beuki Caang

(Siloka 4:18)

  1. 1. Nabi kapungkur hayang kenal Kristus

    Nu jadi harepan manusa.

    Anjeunna téh jalan kasalametan

    Nu disingkabkeun dina Firman.

    Ayeuna Yésus Kristus geus maréntah,

    Bukti-buktina geus nyata.

    Bungahna bisa apal ka hal éta,

    Malaikat gé hayangeun apal.

    (REFREIN)

    Jalan urang téh beuki caang

    Lir panonpoé manceran.

    Allah nyingkabkeun bebeneran

    Nu ngabingbing hirup urang.

  2. 2. Kristus geus ngalantik gandék satia

    Nu ngurus dahar pas waktuna.

    Urang jadi terang kana beb’neran

    Nu nyaangan haté pikiran.

    Urang ngaléngkah di jalan nu bener,

    Haté urang beuki teger.

    Nuhun Yéhuwa, sumber bebeneran,

    Geus nungtun urang di jalan-Na.

    (REFREIN)

    Jalan urang téh beuki caang

    Lir panonpoé manceran.

    Allah nyingkabkeun bebeneran

    Nu ngabingbing hirup urang.

(Tingali ogé 1 Kor. 2:10; 1 Pet. 1:12.)