Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 97

Hirup Gumantung kana Firman Allah

Hirup Gumantung kana Firman Allah

(Mateus 4:4)

  1. 1. Hirup urang téh gumantung

    Ka sabda Yéhuwa,

    Teu bisa ti roti baé,

    Kudu jeung Firman-Na.

    Hirup urang jadi bagja

    Mun nyekel harepan.

    (REFREIN)

    Hirup ngandel ka Firman Yah,

    Lain ka dahareun.

    Hirup ngandel ka Firman Yah,

    Moal kakurangan.

  2. 2. Kisah hirup dina Firman,

    Tuladan keur urang,

    Priya wanoja satia

    Sarta pengkuh iman.

    Mun dibaca saban waktu,

    Méré kakuatan.

    (REFREIN)

    Hirup ngandel ka Firman Yah,

    Lain ka dahareun.

    Hirup ngandel ka Firman Yah,

    Moal kakurangan.

  3. 3. Beurang peuting maca Firman

    Nu méré harepan.

    Waktu nandangan cocoba,

    Hikmat Yah nyarengan.

    Muga urang ngalenyepan

    Tur ngajénan Firman.

    (REFREIN)

    Hirup ngandel ka Firman Yah,

    Lain ka dahareun.

    Hirup ngandel ka Firman Yah,

    Moal kakurangan.

(Tingali ogé Yos. 1:8; Rum 15:4.)