Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 99

Jutaan Dulur Saiman

Jutaan Dulur Saiman

(Wahyu 7:9, 10)

  1. 1. Jutaan dulur saiman

    Sakuliah dunya

    Nu tabah tur satia,

    Jadi Saksi Allah,

    Teu kaitung lobana

    Jeung terus nambahan,

    Ti sagala basa tur bangsa,

    Surak muji Allah.

  2. 2. Jutaan dulur saiman

    Ngawawarkeun warta

    Injil kasalametan

    Ka sakabéh jalma.

    Najan nandang kasusah,

    Urang t’rus ngawarta.

    Ku Yésus, urang disegerkeun,

    Haté jadi bagja.

  3. 3. Jutaan dulur saiman

    Diraksa ku Allah,

    Beurang peuting ngawula

    Di payuneun tahta.

    Yu urang babarengan

    Ngémbarkeun K’rajaan,

    Jadi batur gawé Yéhuwa

    Ngawula di dunya.

(Tingali ogé Yes. 52:7; Mat. 11:29; Wahyu 7:15.)