Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 100

Sing Akuan ka Batur

Sing Akuan ka Batur

(Rasul 17:7)

  1. 1. Yéhuwa téh Allah nu saé manah,

    Ka kabéh jalma némbongkeun kanyaah.

    Mantenna masihan

    panas sarta hujan,

    Sagala pangabutuh urang.

    Upama urang nyaah ka nu lemah,

    Urang salaku putra, nyonto Allah.

    Huwa ngaberkahan

    kabéh kahadéan

    Nu réla dilampahkeun urang.

  2. 2. Urang teu nyaho kumaha hasilna

    Mun urang ngabantu anu sangsara,

    Nulung ka nu butuh,

    nalang ka nu susah,

    Sanajan lain batur urang.

    Saperti Lidia anu soméah,

    Urang gé hayang akuan ka sémah.

    Bapa di sawarga

    tangtuna uninga

    Ka nu nyonto welas asih-Na.