Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 102

Nulung ka nu Lemah

Nulung ka nu Lemah

(Rasul 20:35)

  1. 1. Loba pisan kakurang

    Di diri urang.

    Tapi Huwa maliré,

    Nyaah ka urang.

    Allah welas asih,

    Nu lemah dijait.

    Mugi urang nyonto Yah,

    Nulung nu susah.

  2. 2. Upama dulur urang

    Keur lemah iman,

    Urang milu nalangsa

    Sarta nyarengan.

    Gedékeun haténa,

    Kuatkeun imanna.

    Yah gé masihan roh-Na

    Tur kategeran.

  3. 3. Sing lembut ka nu lemah,

    Ulah dihina.

    Témbongkeun kahadéan

    Sarta kanyaah.

    Lilipur manéhna,

    Pengkuhkeun haténa.

    Mugia kasedihna

    Sing geura sirna.

(Tingali ogé Yes. 35:3, 4; 2 Kor. 11:29; Gal. 6:2.)