Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 106

Mekarkeun Kanyaah

Mekarkeun Kanyaah

(1 Korinta 13:​1-8)

  1. 1. Tina sagala sipat Allah,

    Urang ngadoa sangkan boga

    Kanyaah, sipat nu utama,

    Hasil tina roh suci Allah.

    Najan pinter tur bijaksana,

    Cumah lamun taya kanyaah.

    Muga kanyaah urang nyata,

    Katémbong dina ucap lampah.

  2. 2. Kanyaah teu mentingkeun manéh,

    Ka batur resep barang béré,

    Teu ngunek-ngunek kasalahan,

    Jadi jalma nu hampuraan.

    Kanyaah sabar tur tawekal

    Sanajan aya nu nyangsara,

    Tabah nyanghareupan cocoba.

    Kanyaah teu aya laasna.