KAWIH 107
Tuladan Asih ti Allah
-
1. Allah Yéhuwa némbongkeun asih-Na
Ka umat manusa.
Mantenna jadi tuladan keur urang,
Mikanyaah ka sasama.
Allah masihkeun Putra nu kaasih
Jadi tebusan keur sadaya jalmi.
Taya bandingna sipat asih Gusti!
Éta bukti Allah téh asih.
-
2. Kanyaah urang ka dulur saiman,
Sajati tur murni.
Urang kageuing pikeun merhatikeun
Ka sadaya umat Huwa.
Nu ngaku nyaah ka Allah Yéhuwa
Kudu némbongkeun nyaah ka sasama.
Mun batur salah, geura dihampura,
Éta asih, asih sajati.
-
3. Urang sadaya diondang Yéhuwa,
Ngabakti, ngahiji.
Urang ngarasa jadi kulawarga,
Silih asuh, silih asih.
Ku Firman Allah sarta roh suci-Na,
Kanyaah urang jadi beuki kuat,
Kasatunggalan jadi beuki nyata.
Umat Gusti némbongkeun asih.
(Tingali ogé Rum 12:10; Epe. 4:3; 2 Pet. 1:7.)