Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 110

Kabungah ti Yéhuwa

Kabungah ti Yéhuwa

(Nehemia 8:10)

  1. 1. K’rajaan Yah ayeuna geus maréntah,

    Pék émbarkeun sing sumanget.

    Siap-siap, tanggah, sarta tingali

    Kasalametan geus deukeut!

    (REFREIN)

    Kabungah ti Huwa bénténg urang,

    Sumber kategeran urang.

    Harepan gumilang mawa kabungah,

    Hayu surak muji Yéhuwa.

    Kabungah ti Huwa bénténg urang.

    Émbarkeun kahadéan-Na.

    Mun satia ngawula ka Yéhuwa,

    Suka bungah urang katingal.

  2. 2. Hé umat Yah, sing ngandel ka Yéhuwa,

    Ulah sieun, Huwa kuat.

    Sing arajeg tur tarikkeun sorana,

    Kawihkeun lagu gumbira!

    (REFREIN)

    Kabungah ti Huwa bénténg urang,

    Sumber kategeran urang.

    Harepan gumilang mawa kabungah,

    Hayu surak muji Yéhuwa.

    Kabungah ti Huwa bénténg urang.

    Émbarkeun kahadéan-Na.

    Mun satia ngawula ka Yéhuwa,

    Suka bungah urang katingal.