Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 111

Sumber Kabungah Urang

Sumber Kabungah Urang

(Mateus 5:12)

  1. 1. Loba sababna urang bungah,

    Ibarat harta nu limpah,

    Ningal jalma ti unggal bangsa

    Ngagabung bareng umat Yah.

    Suka bungah urang dumasar

    Kana pangajaran Firman.

    Unggal poé urang diajar

    Sangkan kuat pangharepan.

    Kabungah urang beuki kuat

    Tur minuhan haté urang.

    Najan nandang loba cocoba,

    Urang bakal tetep tabah.

    (REFREIN)

    Yéhuwa sumber kabungah,

    Hébat tur éndah karya-Na,

    Luhur hikmat-Na tur kawasa-Na,

    Limpah kahadéana-Na.

  2. 2. Urang resep ningal karya-Na:

    Bumi, langit, jeung lautan.

    Sagala ciptaan Yéhuwa

    Ngawih nyanggakeun pujian.

    Pohara gumbirana urang

    Nguarkeun ka mana-mana

    Ngadegna Karajaan Allah

    Tur berkahna keur manusa.

    Téréh datang mangsa kabungah,

    Lir peuting kaganti isuk.

    Bumi anyar jeung langit anyar

    Mawa bagja salawasna.

    (REFREIN)

    Yéhuwa sumber kabungah,

    Hébat tur éndah karya-Na,

    Luhur hikmat-Na tur kawasa-Na,

    Limpah kahadéana-Na.

(Tingali ogé Pam. 16:15; Yes. 12:6; Yoh. 15:11.)