Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 117

Mekarkeun Kahadéan

Mekarkeun Kahadéan

(Galata 5:​22)

  1. 1. Nun Yéhuwa di sawarga,

    Allah nu hadé lampah,

    Mahasuci tur satia

    Ka sadaya umat-Na.

    Pangampura Ama limpah

    Ka manusa nu dosa.

    Mung ka Ama, abdi nyembah

    Sarta reueus ngawula.

  2. 2. Sipat kahadéan Ama

    Diconto umat Ama,

    Nyata dina lalampahan

    Jeung dina pangwawaran.

    Pangajaran nu sajati

    Nyebar ka tungtung bumi.

    Roh suci Ama ngabantu

    Mekarkeun kahadéan.

  3. 3. Mugi Ama ngaberkahan

    Kabéh upaya abdi

    Ngalampahkeun kahadéan

    Pikeun dulur saiman.

    Di sidang, di kulawarga,

    Sarta ka jalma-jalma,

    Mugia abdi tiasa

    Milampah kahadéan.