Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 125

Bagja nu Welas Asih

Bagja nu Welas Asih

(Mateus 5:7)

  1. 1. Yéhuwa, Allah nu bagja,

    Pohara welas asih-Na.

    Mantenna resep masihan

    Kabutuh hamba-hamba-Na,

    Mikawelas anu tobat,

    Ngadangukeun nu sasambat.

    Huwa bantu urang pengkuh

    Sabab émut urang lebu.

  2. 2. Waktu urang keur guligah

    Sabab geus dosa ka Allah,

    Yésus nunjukkeun carana

    Pikeun ménta pangampura:

    ”Mugi abdi dihapunten,

    Abdi gé tos ngahapunten.”

    Lamun henteu ngunek-ngunek,

    Haté urang bakal tengtrem.

  3. 3. Urang masihan bantuan

    Ka sasama nu keur susah,

    Lain keur meunang pujian,

    Tapi hayang batur bagja.

    Allah nu maha uninga

    Bakal masihan pahala.

    Bagja anu welas asih,

    Pasti kamanah ku Gusti.

(Tingali ogé Mat. 6:​2-4, 12-14.)