Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 135

Saur Yéhuwa, ”Sing Bijaksana Anaking”

Saur Yéhuwa, ”Sing Bijaksana Anaking”

(Siloka 27:11)

  1. 1. Hé, para nonoman,

    nu dipikanyaah,

    Sing terus satia,

    hirup pikeun Ama.

    Buktikeun ka dunya

    jeung nu nyela Ama,

    Hidep rék ngabakti

    ku haté nu réla.

    (REFREIN)

    Hé, anaking, sing bijaksana,

    Pék sukakeun haté Ama.

    Tina haté, hidep ngawula,

    Milih jadi milik Ama.

  2. 2. Sing bungah sabab

    geus ngabaktikeun hirup,

    Najan nyieun salah,

    Ama siap nulung.

    Teu sual saha nu

    nguciwakeun hidep,

    Sing yakin Ama

    tetep nyaah ka hidep.

    (REFREIN)

    Hé, anaking, sing bijaksana,

    Pék sukakeun haté Ama.

    Tina haté, hidep ngawula,

    Milih jadi milik Ama.

(Tingali ogé Pam. 6:5; Pan. 11:9; Yes. 41:13.)