Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 136

Pahala nu Sampurna ti Yéhuwa

Pahala nu Sampurna ti Yéhuwa

(Rut 2:​12)

  1. 1. Huwa paham kaayaan hamba-Na

    Nu geus satia ngawula.

    Sumanget jeung pangorbanan umat-Na

    Tangtu diinget Mantenna.

    Lamun anjeun ngarasa kaleungitan

    Sobat sarta kulawarga,

    Ku Yah diganti ku dulur saiman

    Tur hirup di dunya anyar.

    (REFREIN)

    Muga Huwa ngaberkahan anjeun,

    Masihan pahala nu sampurna.

    Muga anjeun nyalindung ka Yah.

    Huwa moal jalir, Huwa satia.

  2. 2. Aya waktuna dina kahirupan,

    Anjeun dirungrung masalah,

    Haté guligah ku kasalempangan,

    Teu kuat nandanganana.

    Yéhuwa sumber panglipur terangeun

    Tur ngadangu doa anjeun.

    Firman, roh suci, jeung dulur saiman

    Jadi sumber katengtreman.

    (REFREIN)

    Muga Huwa ngaberkahan anjeun,

    Masihan pahala nu sampurna.

    Muga anjeun nyalindung ka Yah.

    Huwa moal jalir, Huwa satia.

(Tingali ogé Hak. 11:38-40; Yes. 41:10.)