Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 139

Pék Bayangkeun Hirup di Dunya Anyar

Pék Bayangkeun Hirup di Dunya Anyar

(Wahyu 21:​1-5)

  1. 1. Pék bayangkeun anjeun, abdi,

    Urang sadaya di dunya anyar,

    Bébas tina kasusahan,

    Haté pinuh ku katengtreman,

    Nu jarahat dimusnakeun,

    Sagalana geus dianyarkeun.

    Urang sadaya kageuing haténa

    Pikeun ngawihkeun

    pujian ka Yéhuwa.

    (REFREIN)

    Nuhun Yéhuwa keur sagalana,

    Ku jalan Putra kabéh laksana.

    Haté abdi pinuh ku rasa kabungah,

    Sadaya hormat jeung puji pikeun Huwa.

  2. 2. Pék bayangkeun anjeun, abdi,

    Geus hirup di Pirdaus di bumi.

    Moal sieun, moal gimir,

    Katelengesan geus nyalingkir.

    Jangji Allah geus laksana,

    Pamaréntahan Allah jaya.

    Nu maot bakal dihirupkeun deui;

    Maranéhna milu

    urang muji Gusti.

    (REFREIN)

    Nuhun Yéhuwa keur sagalana,

    Ku jalan Putra kabéh laksana.

    Haté abdi pinuh ku rasa kabungah,

    Sadaya hormat jeung puji pikeun Huwa.

(Tingali ogé Jab. 37:10, 11; Yes. 65:17; Yoh. 5:​28; 2 Pet. 3:​13.)