KAWIH 140
Ahirna, Hirup Salawasna!
-
1. Bayangkeun kabéh jalma
Hirup rukun ngahiji,
Moal aya kasusah,
Kapeurih, kanyeri.
(REFREIN)
Hayu urang ngawih,
Bungah muji Gusti,
Tur ahirna laksana
Hirup salawasna!
-
2. Nu kolot jadi ngora
Tur nyobat jeung Yéhuwa.
Kalaraan geus musna;
Kasedih geus sirna.
(REFREIN)
Hayu urang ngawih,
Bungah muji Gusti,
Tur ahirna laksana
Hirup salawasna!
-
3. Pirdaus bakal datang,
Manusa hirup senang.
Urang bisa s’lawasna
Muji ka Yéhuwa.
(REFREIN)
Hayu urang ngawih,
Bungah muji Gusti,
Tur ahirna laksana
Hirup salawasna!
(Tingali ogé Ayub 33:25; Jab. 72:7; Wahyu 21:4.)