Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 144

Teuteup Pahala!

Teuteup Pahala!

(2 Korinta 4:​18)

  1. 1. Panon nu lolong dibeuntakeun;

    Ceuli nu torék dicageurkeun.

    Kadéngé barudak ngarawih,

    Kabéh barungah sareuri.

    Nu maot bakal hirup deui,

    Panggih jeung nu dipikaasih.

    (REFREIN)

    Sadayana bakal laksana,

    Mun anjeun neuteup pahala.

  2. 2. Ajag jeung domba hirup rukun;

    Singa jeung sapi ngakan jukut,

    Diangonna ku budak leutik,

    Maranéhna ulin bareng.

    Sakabéh nyeri, peurih leungit,

    Moal diinget-inget deui.

    (REFREIN)

    Sadayana bakal laksana,

    Mun anjeun neuteup pahala.

(Tingali ogé Yes. 11:​6-9; 35:​5-7; Yoh. 11:24.)