Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 148

Yéhuwa Jurusalamet

Yéhuwa Jurusalamet

(2 Samuel 22:1-8)

  1. 1. Nun Yéhuwa, Allah Nu Mahakawasa,

    Ciciptaan Ama

    di saalam jagat.

    Teu aya nu nandingan lampah Ama,

    tangtuna

    Nu séjén teu daya.

    (REFREIN)

    Yéhuwa nyalametkeun nu satia,

    Lir gunung batu, Mantenna nyalindungan.

    Ku kawani, urang émbarkeun

    nami Huwa.

    Taya deui Jurusalamet,

    mung Yéhuwa.

  2. 2. Waktu dilingkung ku pati, abdi doa,

    ”Yéhuwa, pasihan

    abdi kakuatan.”

    Ti panglinggihan Ama, doa abdi

    kadangu,

    ”Jait abdi, Huwa.”

    (REFREIN)

    Yéhuwa nyalametkeun nu satia,

    Lir gunung batu, Mantenna nyalindungan.

    Ku kawani, urang émbarkeun

    nami Huwa.

    Taya deui Jurusalamet,

    mung Yéhuwa.

  3. 3. Ti sawarga sora

    Gusti ngageleger,

    Umat Gusti bungah,

    musuh mah ngeleper.

    Sadaya mahluk bakal nyaraksian

    buktina

    Gusti nyalindungan.

    (REFREIN)

    Yéhuwa nyalametkeun nu satia,

    Lir gunung batu, Mantenna nyalindungan.

    Ku kawani, urang émbarkeun

    nami Huwa.

    Taya deui Jurusalamet,

    mung Yéhuwa.