Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 1

Kecap Panganteur nu Alus

Kecap Panganteur nu Alus

Rasul 17:22

RINGKESAN: Kecap panganteur Sadérék kudu ngageuing minat batur, nyebutkeun hal-hal nu rék dibahas, jeung nyebutkeun ku naon éta téh penting.

CARANA:

  • Geuing minat batur. Béré pananya, caritakeun pangalaman, berita, atawa hal-hal nu matak pikaresepeun batur.

  • Sebutkeun hal-hal nu rék dibahas. Dina kecap panganteur Sadérék, pastikeun yén hal-hal nu rék dibahas jeung tujuanana jelas keur batur.

  • Sebutkeun ku naon topik ieu téh penting. Luyukeun bahan nu ditepikeun ku Sadérék jeung pangabutuh batur. Maranéhna kudu bener-bener paham yén bahan nu ditepikeun téh aya mangpaatna keur dirina sorangan.