Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 3

Ngagunakeun Pananya

Ngagunakeun Pananya

Mateus 16:13-16

RINGKESAN: Béré pananya nu sopan pikeun ngageuing jeung ngajaga minat batur, ngajak batur mikir, jeung nandeskeun hal-hal nu penting.

CARANA:

  • Geuing jeung jaga minat batur. Béré pananya nu ngageuing pikiran batur supaya maranéhna hayang nyaho leuwih loba.

  • Ajak batur mikir. Béré runtuyan pananya supaya batur paham yén nu ditepikeun ku Sadérék téh asup akal. Ku kituna, maranéhna bisa nyieun kasimpulan nu bener.

  • Tandeskeun hal-hal nu penting. Sadérék bisa méré pananya supaya batur nyaho hal-hal penting nu rék dibahas. Sanggeus hal-hal penting tadi dibahas atawa waktu rék nutup hutbah, Sadérék bisa méré pananya pikeun malikan.