Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 6

Ayat Dijelaskeun

Ayat Dijelaskeun

Yohanes 10:33-36

RINGKESAN: Ulah saukur macakeun ayat tuluy ngabahas hal nu séjén. Pastikeun batur ngarti patalina ayat nu dibaca jeung naon nu keur dibahas.

CARANA:

  • Témbongkeun kecap-kecap koncina. Sanggeus macakeun hiji ayat, tandeskeun kecap-kecap nu aya patalina langsung jeung naon nu keur dibahas. Sadérék bisa nyebutkeun deui kecap-kecapna atawa méré pananya nu ngabantu batur apal mana kecap koncina.

  • Tandeskeun palajaranana. Sadérék tangtu boga alesan waktu rék macakeun hiji ayat, jadi jelaskeun patalina alesan éta jeung kecap konci dina ayatna.

  • Sing saderhana ngajelaskeunana. Ulah ngabahas rincian-rincian nu teu nyambung jeung topik utamana. Tangtukeun sabaraha loba rincian nu rék ditepikeun supaya naon nu keur dibahas téh jelas jeung kaharti ku batur. Jadi, pikirkeun naon nu geus dipikanyaho ku batur ngeunaan topik éta.