Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 11

Sumanget

Sumanget

Rum 12:11, Sunda Formal

RINGKESAN: Jurung batur pikeun nyieun tindakan ku cara ngomong kalawan sumanget.

CARANA:

  • Bahanna kudu nyerep heula kana haté Sadérék. Waktu keur nyiapkeun bahan, lenyepan pentingna warta nu rék ditepikeun. Sadérék kudu bener-bener paham kana bahanna sangkan Sadérék bisa ngungkabkeun sabalakana jeung teu dijieun-jieun.

  • Pikirkeun batur. Lenyepan naon mangpaatna keur batur bahan nu rék dibaca atawa nu rék diajarkeun ku Sadérék. Pikirkeun cara nu alus pikeun nepikeun bahan éta sangkan batur bisa ningali mangpaatna.

  • Tepikeun bahanna maké parasaan. Ngomongna kudu sumanget ulah nepi ka batur jadi bosen. Gunakeun gerak awak nu wajar. Parasaan Sadérék gé kudu katémbong tina roman Sadérék