Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 12

Némbongkeun Kanyaah jeung Rasrasan

Némbongkeun Kanyaah jeung Rasrasan

1 Tesalonika 2:7, 8

RINGKESAN: Ngomongna ulah dijieun-jieun, sarta témbongkeun yén Sadérék téh mikanyaah jeung hayang nulungan batur.

CARANA:

  • Pikirkeun batur. Sadérék bisa mikirkeun masalah naon nu keur disanghareupan ku batur. Tuluy, bayangkeun kumaha parasaan maranéhna.

  • Sing bijaksana dina milih kekecapan. Omongan Sadérék kudu nyegerkeun, ngagedékeun haté, jeung nguatkeun batur. Singkahan kekecapan nu nyinggung batur atawa nu ngagogoréng jalma-jalma nu teu saiman sarta kapercayaan maranéhna.

  • Témbongkeun minat. Ngomongna kudu soméah, gerak awak Sadérék gé kudu cocog. Jaga roman Sadérék, kudu sering senyum.