Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 13

Mangpaatna Dijelaskeun

Mangpaatna Dijelaskeun

Siloka 3:21

RINGKESAN: Bantu batur pikeun paham mangpaat tina bahan nu ditepikeun ku Sadérék, tuluy jelaskeun cara ngalarapkeunana.

CARANA:

  • Pikirkeun batur. Lenyepan ku naon batur perlu ngadéngékeun katerangan nu rék ditepikeun, sarta pikirkeun bagian mana tina topik éta nu hususna mawa mangpaat keur maranéhna.

  • Salila nepikeun bahan, jelaskeun cara ngalarapkeunana. Ti mimiti kénéh batur kudu geus nyaho, ’Ieu téh jang urang.’ Waktu ngabahas unggal topik utama, jelaskeun cara ngalarapkeunana. Ulah ngabahas nu sipatna umum, tapi hal-hal nu leuwih rinci.