Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 14

Topik Utama Ditandeskeun

Topik Utama Ditandeskeun

Ibrani 8:1

RINGKESAN: Bantu hadirin supaya bisa nuturkeun hutbah Sadérék. Kudu jelas naon patalina unggal topik utama jeung tujuan tur téma hutbah Sadérék.

CARANA:

  • Boga tujuan. Pikirkeun naha tujuan hutbah Sadérék téh pikeun méré informasi, ngayakinkeun, atawa ngajurung batur. Tuluy, susun hutbah Sadérék dumasar kana tujuan éta. Pastikeun kabéh topik utamana ngadukung tujuan hutbah.

  • Tandeskeun téma hutbah Sadérék. Salila hutbah, ingetkeun hadirin kana téma hutbah ku cara nyebutkeun deui kecap koncina atawa kecap nu sarua hartina.

  • Topik utama kudu jelas jeung saderhana. Pilih topik utama nu aya patalina jeung téma sarta nu bisa ditepikeun kalawan jelas dina waktu nu geus disadiakeun. Ulah loba teuing topik utama sarta jelaskeun sing jéntré unggal topikna. Saacan ngabahas topik séjén, eureun heula sakeudeung, ulah ngadadak ganti topik.