Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 15

Nepikeun Bahan kalawan Yakin

Nepikeun Bahan kalawan Yakin

1 Tesalonika 1:5

RINGKESAN: Témbongkeun kayakinan yén nu diomongkeun ku Sadérék téh bener jeung penting.

CARANA:

  • Siapkeun sing taliti. Pék talungtik bahanna nepi ka Sadérék paham naon topik utamana jeung kumaha Alkitab ngabuktikeun hal éta. Tepikeun topik-topik utamana ku kekecapan nu saderhana. Pikirkeun naon mangpaatna keur batur. Pék ngadoa ménta roh suci.

  • Tunjukkeun kayakinan dina kekecapan Sadérék. Ti batan saukur maca tulisan dina bahan, pék tepikeun ku kekecapan sorangan. Pilih kekecapan nu némbongkeun yén Sadérék yakin kana bahan nu ditepikeun.

  • Tunjukkeun kayakinan dina sikep Sadérék. Ngomongna ulah laun atawa tarik teuing. Lamun teu matak kasinggung, Sadérék bisa paadu teuteup jeung batur.