Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 17

Gampang Kaharti

Gampang Kaharti

1 Korinta 14:9

RINGKESAN: Upayakeun sangkan batur ngarti kana maksud omongan Sadérék.

CARANA:

  • Talungtik bahanna sing taliti. Sadérék kudu bener-bener paham kana topikna, jadi Sadérék bisa ngajelaskeunana ku cara nu saderhana jeung maké kekecapan sorangan.

  • Gunakeun kalimah nu pondok jeung frasa nu saderhana. Sanajan kalimah nu panjang bisa digunakeun, tepikeun hal-hal nu penting maké frasa jeung kalimah nu singget.

  • Jelaskeun istilah nu teu umum. Sabisa-bisa ulah maké istilah nu siga kitu. Lamun Sadérék kudu nyebutkeun istilah nu teu umum, tokoh Alkitab nu teu dikenal, atawa ukuran jeung kabiasaan di jaman baheula, éta kudu dijelaskeun.