Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 18

Méré Informasi nu Anyar

Méré Informasi nu Anyar

1 Korinta 9:19-23

RINGKESAN: Geuing pikiran batur sangkan maranéhna ngarasa geus diajar hiji hal nu aya paédahna.

CARANA:

  • Pikirkeun naon nu geus dipikanyaho ku batur. Ti batan saukur nyebutkeun deui naon nu pernah didéngé ku maranéhna, bahas topikna ti cara pandang nu béda.

  • Pék risét jeung lenyepan. Lamun bisa, asupkeun katerangan-katerangan nu can pernah didéngé atawa nu teu kapikir saacanna ku hadirin pikeun ngajelaskeun topik anu penting. Lenyepan bahan Sadérék sarta pikirkeun hubunganana jeung katerangan-katerangan tadi.

  • Témbongkeun mangpaatna. Jelaskeun kumaha prinsip-prinsip Alkitab bisa ngabantu batur dina kahirupan sapopoé. Bahas kaayaan, kabiasaan, jeung tindakan nu aya patalina langsung jeung maranéhna.