Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 19

Ngageuing Haté

Ngageuing Haté

Siloka 3:1, Terjemahan Dunia Baru

RINGKESAN: Bantu batur pikeun ngarti pentingna warta urang sarta kajurung pikeun ngalarapkeunana.

CARANA:

  • Bantu batur pikeun mariksa diri. Béré pananya-pananya nu ngageuing batur pikeun mariksa parasaanana sorangan.

  • Kudu boga pikiran nu positif ka batur. Jurung batur pikeun mariksa ku naon maranéhna ngalampahkeun nu hadé. Bantu maranéhna pikeun mekarkeun motif nu alus, nyaéta nyaah ka Yéhuwa, ka sasama, jeung kana pangajaran Alkitab. Ulah ngahutbahan, tapi ajak maranéhna mikir. Dina ahir bahasan, maranéhna kudu ngarasa gedé haté jeung kajurung pikeun ngalampahkeun nu panghadéna, lainna ngarasa éra.

  • Bantu batur pikeun nyaah ka Yéhuwa. Tandeskeun kumaha sipat-sipat Yéhuwa sarta kanyaah-Na ka urang katémbong tina pangajaran, prinsip, jeung paréntah Alkitab. Jurung batur pikeun mikirkeun parasaan Yéhuwa jeung nyenangkeun Mantenna.