Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 02

Alkitab téh Méré Harepan

Alkitab téh Méré Harepan

Loba jalma di dunya boga masalah anu beurat. Maranéhna jadi sedih jeung strés, malah aya ogé anu nepi ka gering. Anjeun pernah teu ngarasa jiga kitu? Meureun aya kulawarga atawa babaturan anjeun nu maot. Atawa, anjeun meureun keur gering. Mun kaayaanana jiga kitu, bisa waé anjeun mikir, ’Iraha atuh urang bisa hirup tengtrem?’ Alkitab méré jawaban anu bisa nengtremkeun haté.

1. Alkitab téh méré harepan naon?

Alkitab ngajelaskeun ku naon ayeuna aya loba masalah. Tapi tong hariwang. Alkitab méré nyaho, hirup téh moal salilana jiga kieu. Masalah-masalah bakal geura leungit. Jangji dina Alkitab téh ”ngahudang harepan” urang. (Baca Jabur 119:49.) Lamun mikirkeun jangji-jangji dina Alkitab, urang bisa tetep teger jeung boga pikiran nu positif najan aya masalah. Urang gé bisa bagja salilana.

2. Ceuk Alkitab, bakal kumaha kaayaan dunya engkéna?

Ceuk Alkitab, engké mah ”moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri”. (Baca Wahyu 21:4.) Masalah-masalah nu katingalina moal bisa diréngsékeun, jiga kamiskinan, kateuadilan, panyakit, jeung maot, engké mah bakal leungit. Alkitab jangji, engké kabéh jalma bakal hirup bagja salilana di bumi pirdaus.

3. Kumaha supaya anjeun bisa percaya kana jangji dina Alkitab?

Jalma osok ngajangjikeun loba hal, tapi kadang jangjina teu bisa dipercaya. Ari jangji-jangji Allah dina Alkitab kumaha? Éta mah bisa dipercaya, sabab pasti jadi kanyataan. Anjeun bakal leuwih percaya kana jangji-jangji éta lamun ”ngulik Kitab Suci”. (Kisah 17:11) Waktu diajar Alkitab, anjeun bisa mutuskeun sorangan rék percaya kana jangji-jangji éta atawa henteu.

HAYU NGULIK

Tingali sababaraha jangji nu aya dina Alkitab. Tingali ogé kumaha jangji-jangji éta méré harepan keur jalma-jalma.

4. Alkitab jangji, urang bakal hirup salilana jeung moal boga masalah deui

Hayu urang tingali jangji-jangji nu aya dina Alkitab. Mana waé nu paling diarep-arep ku anjeun? Jeung ku naon?

Baca ayat-ayat di gigireun jangji nu dipikaresep ku anjeun, terus bahas:

  • Sanggeus maca ayatna, na anjeun jadi boga harepan? Mun kulawarga atawa babaturan anjeun dibacakeun ayat-ayat ieu, na éta bisa méré harepan keur maranéhna?

Bayangkeun lamun:

EUWEUH NU . . .

KABÉH JALMA BAKAL . . .

  • sedih, jadi kolot, jeung maot.​—Yesaya 25:8.

  • panggih deui jeung kulawarga atawa babaturan nu geus maot.​—Yahya 5:28, 29.

  • gering atawa cacad.​—Yesaya 33:24; 35:5, 6.

  • ditindes.​—Yesaya 32:16, 17.

  • boga loba dahareun, imah nu alus, jeung pagawéan nu pikaresepeun.​—Jabur 72:16; Yesaya 65:21, 22.

  • kasiksa gara-gara strés atawa boga pangalaman goréng.​—Yesaya 65:17.

5. Jangji dina Alkitab bisa mawa parobahan

Saking ku lobana masalah di dunya ieu, loba nu pegat harepan. Malah, aya nu protés jeung bébéakan nyoba sagala cara pikeun ngarobah kaayaan. Tingali kumaha jangji dina Alkitab ngarobah kahirupan jalma-jalma. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon nu kaalaman ku Rafika?

  • Najan masalahna teu leungit, kumaha Alkitab ngabantu manéhna?

Lamun percaya kana jangji-jangji dina Alkitab, anjeun bakal teger jeung tabah waktu aya masalah. Baca Siloka 17:22 jeung Roma 12:12, terus bahas:

  • Lamun percaya kana jangji dina Alkitab, naon pangaruhna keur urang?

AYA NU NGOMONG: ”Jangji-jangji dina Alkitab mah asa mustahil jadi kanyataan.”

  • Ceuk anjeun, ku naon urang kudu mariksa sorangan bukti nu nunjukkeun yén jangji dina Alkitab bisa dipercaya?

INTI BAB

Jangji-jangji dina Alkitab nunjukkeun yén engké ka hareupna urang téh bakal leuwih bagja. Mun mikirkeun jangji-jangji éta, urang bakal tabah pas keur aya masalah.

Nu geus dibahas

  • Ku naon urang butuh harepan?

  • Ceuk Alkitab, bakal kumaha kaayaan dunya engkéna?

  • Mun boga harepan, anjeun bakal kumaha?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Jalma-jalma nu gering parah bisa tetep teger lantaran boga harepan.

”Naha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Nyanghareupan Panyakit Parna?” (Artikel dina jw.org)

Tongton vidéo ieu, terus bayangkeun anjeun sakulawarga hirup di Pirdaus.

Bayangkeun Poéna (3:37)

Harepan tina Alkitab ngarobah kahirupan saurang jalma nu baheulana pernah ngagabung jeung loba organisasi.

”Abdi Geus Teu Ngarasa Kudu Ngarobah Dunya” (Warta Hadé 1 Juli 2013)