Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 05

Alkitab téh Amanat ti Allah

Alkitab téh Amanat ti Allah

Yéhuwa geus méré hadiah nu luar biasa keur urang, nyaéta Alkitab. Alkitab téh kumpulan tina 66 buku. Tapi meureun anjeun hayang nyaho, ’Kumaha carana Yéhuwa méré Alkitab ka manusa?’ Hayu urang tingali jawabanana.

1. Pan Alkitab téh ditulisna ku manusa, naha atuh disebut asalna ti Allah?

Alkitab téh ditulis kira-kira ku 40 priya. Ditulisna kurang leuwih salila 1.600 taun, nyaéta ti taun 1513 SM nepi ka 98 M. Geus kitu, nu nulisna téh béda-béda, aya nu nalayan, pangangon, atawa raja. Tapi kabéh eusina téh sajalan. Naha bisa kitu? Sabab nu méré wahyuna téh Allah. (Baca 1 Tésalonika 2:13.) Jalma-jalma nu nulis Alkitab téh teu nuliskeun pamikiranana sorangan. Nu ditepikeun ku maranéhna téh ”asalna ti Allah, lantaran maranéhna dijurung ku kawasa suci”. (2 Pétrus 1:21) Liwat kawasa suci, Allah méré ilham ka maranéhna pikeun nuliskeun amanat-Na.​—2 Timotius 3:16.

2. Saha waé nu bisa meunang mangpaat tina Alkitab?

”Unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung kaom” bisa meunang mangpaat tina kabar gumbira nu aya dina Alkitab. (Baca Wahyu 14:6.) Ampir kabéh jalma di dunya ieu bisa maca Alkitab, teu sual manéhna cicing di mana atawa ngomong maké basa naon. Ku naon? Sabab Alkitab téh buku nu panglobana ditarjamahkeun.

3. Kumaha Yéhuwa ngajaga Alkitab supaya teu musna?

Alkitab téh ditulisna dina bahan nu gampang ruksak. Jadi, ku naon atuh Alkitab téh teu musna? Lantaran Alkitab terus disalin ku jalma-jalma nu ngahargaanana. Sanajan aya pajabat pamaréntah jeung pamingpin agama nu hayang ngamusnakeun Alkitab, tapi aya ogé jalma-jalma nu réla narohkeun nyawana demi ngajaga Alkitab. Jadi, moal aya nu bisa ngahalang-halang Yéhuwa nepikeun amanat-Na ka manusa. Ceuk Alkitab, ”Pangandika Allah urang mah umurna langgeng.”​—Yesaya 40:8.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha carana Allah méré wahyu ka manusa pikeun nulis Alkitab, kumaha Anjeunna ngajaga Alkitab supaya teu musna, jeung kumaha Alkitab bisa nepi ka dibaca ku kabéh manusa.

4. Alkitab téh asalna ti mana?

Setél VIDÉO. Geus kitu baca 2 Timotius 3:16, terus bahas:

  • Pan Alkitab téh ditulisna ku manusa, naha atuh disebut asalna ti Allah?

  • Ceuk anjeun, asup akal teu mun Allah bisa méré nyaho eusi pikirana-Na ka manusa nu nulis Alkitab?

Saurang bos bisa waé ménta sékertarisna nulis surat, tapi eusina mah ti manéhna. Kitu ogé, Allah ngagunakeun manusa pikeun nulis Alkitab, tapi eusina mah ti Anjeunna

5. Alkitab tetep aya nepi ka ayeuna, najan loba nu hayang ngamusnakeunana

Alkitab téh asalna ti Allah. Jadi, Anjeunna mastikeun Alkitab tetep aya nepi ka ayeuna. Ti baheula kénéh, para pajabat pamaréntah hayang ngamusnakeun Alkitab. Para pamingpin agama gé embung jalma-jalma maca Alkitab. Tapi, loba jalma réla narohkeun nyawana demi ngajaga Alkitab, sanajan dihalang-halang sarta diancam rék dipaéhan. Mangga tingali saurang jalma nu wanian jiga kitu. Setel VIDÉO, terus bahas:

  • Sanggeus apal loba jalma réla ngorbankeun nyawana demi ngajaga Alkitab, na anjeun jadi leuwih hayang maca Alkitab? Ku naon?

Baca Jabur 119:97, terus bahas:

  • Ku naon aya loba jalma nu réla narohkeun nyawana demi narjamahkeun jeung nyebarkeun Alkitab?

6. Buku keur kabéh jalma

Ti baheula nepi ka ayeuna, Alkitab téh buku nu panglobana ditarjamahkeun jeung disebarkeun. Baca Kisah 10:34, 35, terus bahas:

  • Ku naon Allah hayang Alkitab ditarjamahkeun ka loba basa jeung disebarkeun ka loba jalma?

  • Ceuk anjeun, naon istiméwana Alkitab?

Ampir

kabéh

jalma di dunya ieu

bisa maca Alkitab dina basa nu dipikaharti ku maranéhna

Alkitab aya dina

3.000

basa leuwih

boh lengkep, boh sabagian

Kira-kira aya

5.000.000.000

citakan nu geus dipedalkeun,

jauh leuwih loba tibatan buku naon waé

AYA NU NGOMONG: ”Alkitab téh ngan saukur buku kuno nu ditulis ku manusa.”

  • Kumaha ceuk anjeun?

  • Naon buktina Alkitab téh amanat ti Allah?

INTI BAB

Alkitab téh amanat ti Allah. Anjeunna ngajaga supaya Alkitab teu musna jeung bisa dibaca ku kabéh jalma.

Nu geus dibahas

  • Kumaha cara Allah méré wahyu ka jalma-jalma nu nulis Alkitab?

  • Sanggeus ngabahas ieu bab, ceuk anjeun ku naon Alkitab téh istiméwa?

  • Allah téh ngajaga Alkitab supaya bisa dibaca ku anjeun. Kumaha parasaan anjeun?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Sajarah Alkitab ti mimiti ditulis nepi ka ayeuna.

”Kumaha Alkitab Bisa Terus Aya Nepi Ayeuna?” (Éling! Nopémber 2007)

Alkitab tetep aya nepi ka ayeuna najan aya tilu tangtangan nu gedé pisan.

”Sajarah Alkitab nu Pinuh ku Tangtangan” (Warta Hadé No. 4 2016)

Bahaya naon waé nu disanghareupan ku jalma-jalma nu narjamahkeun Alkitab?

Maranéhna Ngahargaan Pisan kana Alkitab (14:26)

Alkitab geus mangkali-kali disalin jeung ditarjamahkeun. Ku naon urang bisa yakin eusina teu barobah?

”Naha Eusi Alkitab téh Geus Dirobah?” (Artikel dina jw.org)