Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 07

Jiga Kumaha Yéhuwa téh?

Jiga Kumaha Yéhuwa téh?

Ceuk anjeun, Yéhuwa téh Allah nu jiga kumaha? Na anjeun nganggap Yéhuwa téh Allah anu sakitu agungna nepi ka teu bisa dideukeutan, ibarat béntang nu jauh di langit? Atawa, na Yéhuwa téh Pribadi nu Mahakawasa, tapi teu boga parasaan? Sabenerna, jiga kumaha Yéhuwa téh? Alkitab méré nyaho sipat-sipat Yéhuwa. Alkitab gé méré nyaho yén Yéhuwa téh nyaah ka anjeun.

1. Ku naon urang teu bisa ningali Allah?

”Allah téh Roh.” (Yahya 4:24) Yéhuwa téh wujudna henteu jiga urang. Anjeunna mah mahluk Roh nu hirup di sorga.

2. Jiga kumaha sipat-sipat Yéhuwa téh?

Urang mémang teu bisa ningali Yéhuwa, tapi urang bisa apal Anjeunna téh sipatna hadé. Mun urang geus apal sipat-sipat-Na, urang bisa nyaah ka Anjeunna. Alkitab nyebutkeun, ”PANGERAN cinta . . . kaadilan.” (Jabur 33:5) Anjeunna gé ”nyaahan pisan jeung welas asih”, utamana ka jalma-jalma nu sangsara. (Yakobus 5:11) Yéhuwa téh ”raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan”. (Jabur 34:19) Tindakan urang bisa mangaruhan parasaan Yéhuwa. Mun urang ngalakukeun hal-hal nu goréng, Anjeunna bisa kuciwa jeung sedih. (Jabur 78:40, 41) Sabalikna, mun urang ngalakukeun hal-hal nu hadé, Anjeunna bakal senang.​—Baca Siloka 27:11.

3. Kumaha Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ka urang?

Sipat Yéhuwa nu paling katingali téh nyaéta kanyaah. Malah, Alkitab nyebutkeun, ”Allah téh kanyaah.” (1 Yahya 4:8) Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ka urang liwat Alkitab jeung liwat ciptaana-Na. (Baca Kisah 14:17.) Misalna, perhatikeun wéh kumaha urang diciptakeun. Urang téh dibéré kasanggupan pikeun ningali rupa-rupa warna, ngadéngékeun musik, jeung ngadahar dahareun anu ngeunah. Anjeunna téh hayang urang hirup bagja.

HAYU NGULIK

Mangga tingali kumaha Yéhuwa ngalakukeun hal-hal nu hébat pisan. Terus, tingali ogé kumaha carana Yéhuwa nunjukkeun sipat-sipat-Na nu hadé ka urang.

4. Kawasa suci téh tanagana Allah

Mun digawé, urang osok ngagunakeun leungeun. Nah, ari Allah mah ngagunakeun kawasa suci-Na, nu sok disebut ogé roh suci. Ceuk Alkitab, kawasa suci téh tanagana Allah. Tapi, aya nu mikir yén kawasa suci téh pribadi roh. Baca Lukas 11:13 jeung Kisah 2:17, terus bahas:

  • Allah bakal ”ngucurkeun” kawasa suci-Na ka saha waé nu ménta. Jadi ceuk anjeun, kawasa suci téh naon? Hiji pribadi atawa tanagana Allah? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Yéhuwa ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun ngalakukeun hal-hal nu hébat pisan. Baca Ayub 33:4 jeung 2 Pétrus 1:20, 21, terus bahas:

  • Yéhuwa ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun ngalakukeun hal naon waé?

5. Sipat-sipat Yéhuwa téh hadé

Musa téh geus ibadah ka Allah salila mangtaun-taun, tapi manéhna hayang leuwih kenal deui ka Allahna. Jadi, Musa ngadoa ka Allah, ”Gusti, . . . wartoskeun pangersa teh bade kumaha, supados abdi tiasa ngawulaanana.” (Budalan 33:13) Yéhuwa ngajawab Musa ku cara méré nyaho sababaraha sipat-Na. Baca Budalan 34:4-6, terus bahas:

  • Yéhuwa méré nyaho sipat naon waé ka Musa?

  • Anjeun paling resep kana sipat Yéhuwa nu mana?

6. Yéhuwa téh perhatian ka jalma-jalma

Baheula, urang Ibrani téh diperbudak di Mesir. Kumaha parasaan Yéhuwa ningali umat-Na sangsara? Setél REKAMAN AUDIO atawa baca Budalan 3:1-10, terus bahas:

  • Kumaha parasaan Yéhuwa ningali jalma-jalma sangsara?​—Tingali ayat 7 jeung 8.

  • Ceuk anjeun, na Yéhuwa téh bener-bener hayang jeung sanggup nulungan manusa? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

7. Urang bisa ningali sipat Yéhuwa tina ciptaan

Sipat Yéhuwa katingali tina ciptaan. Setél VIDÉO. Geus kitu baca Roma 1:20, terus bahas:

  • Mun ningali ciptaan, ceuk anjeun, Yéhuwa téh sipatna jiga kumaha?

AYA NU NGOMONG: ”Urang teu bisa ningali Allah, jadi urang moal bisa deukeut jeung Anjeunna.”

  • Ceuk anjeun kumaha?

  • Ku naon anjeun ngajawab kitu?

INTI BAB

Yéhuwa téh Pribadi roh, jadi urang teu bisa ningali Anjeunna. Tapi urang bisa apal kana sipat-sipat-Na, pangpangna kanyaah.

Nu geus dibahas

  • Ku naon urang teu bisa ningali Yéhuwa?

  • Kawasa suci téh naon?

  • Jiga kumaha sipat-sipat Yéhuwa téh?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Ku naon roh suci téh disaruakeun jiga panangan Allah?

”Naon Roh Suci téh?” (Artikel dina jw.org)

Saurang lalaki nu lolong teu percaya Allah téh nyaah ka manéhna. Ku naon manéhna barobah pikiran?

”Ayeuna mah Abdi Bisa Mantuan Batur” (Warta Hadé 1 Oktober 2015)