Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 08

Anjeun Bisa Jadi Sobat Yéhuwa

Anjeun Bisa Jadi Sobat Yéhuwa

Allah Yéhuwa téh hayang urang leuwih kenal ka Anjeunna. Ku naon? Yéhuwa miharep, mun urang beuki apal kana sipat-sipat-Na, pikirana-Na, jeung rencana-Na, urang bakal beuki hayang jadi sobat-Na. Tapi, na urang mémang bisa jadi sobat Allah? (Baca Jabur 25:14.) Kumaha carana? Alkitab méré nyaho jawabanana. Alkitab gé nunjukkeun yén Yéhuwa bisa jadi Sobat urang anu panghadéna.

1. Yéhuwa hayang urang kumaha ka Anjeunna?

”Pék ngaraket ka Allah, Anjeunna gé bakal ngaraket ka aranjeun.” (Yakobus 4:8) Maksudna téh kumaha? Yéhuwa hayang urang jadi sobat-Na. Meureun aya nu ngarasa, mustahil manusa bisa nyobat jeung Allah, da Anjeunna pan teu katingali. Atawa meureun aya nu mikir, ’Piraku manusa hayang nyobat jeung Allah?’ Tapi dina Alkitab, Yéhuwa méré nyaho sipat-sipat-Na ka urang supaya urang bisa jadi sobat-Na. Jadi lamun urang maca Alkitab, urang bakal leuwih deukeut ka Yéhuwa, sanajan urang teu pernah ningali Anjeunna.

2. Ku naon Yéhuwa bisa jadi Sobat anjeun anu panghadéna?

Sabab moal aya nu bisa ngéléhkeun kanyaah Yéhuwa ka anjeun. Yéhuwa hayang anjeun hirup bagja. Yéhuwa gé hayang anjeun ménta tulung ka Anjeunna iraha waé anjeun butuh bantuan. Anjeun bisa ’masrahkeun sakabéh kahariwangan ka Anjeunna, lantaran Anjeunna merhatikeun anjeun’. (1 Pétrus 5:7) Yéhuwa téh siap ngadéngékeun, nulungan, jeung ngahibur anjeun.​—Baca Jabur 86:17.

3. Naon anu dipiharep ku Yéhuwa ti sobat-Na?

Yéhuwa nyaah ka kabéh jalma. Tapi, nu bisa jadi sobat-Na téh ngan ”jalma anu satuhu”, atawa nu hirupna bener. (Siloka 3:32) Yéhuwa hayang sobat-Na ngajauhan nu salah. Tapi meureun aya nu ngarasa, mustahil urang bisa ngalakukeun kabéh hal nu dipikahayang ku Yéhuwa jeung teu ngalakukeun sagala nu goréng. Tong hariwang. Yéhuwa mah teu miharep urang sampurna. Yéhuwa daék nyobat jeung saha waé nu bener-bener nyaah sarta hayang nyenangkeun Anjeunna.​—Jabur 147:11; Kisah 10:34, 35.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha carana supaya anjeun bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta ku naon Yéhuwa bisa jadi Sobat anjeun nu panghadéna.

4. Nabi Ibrahim téh nyobat jeung Yéhuwa

Tina kisah Nabi Ibrahim (Abram), urang jadi nyaho jelema jiga kumaha anu bisa jadi sobat Yéhuwa. Baca kisah Nabi Ibrahim dina Kajadian 12:1-4, terus bahas:

  • Yéhuwa ménta Nabi Ibrahim ngalakukeun naon?

  • Yéhuwa méré jangji naon ka Nabi Ibrahim?

  • Naon nu dilakukeun ku Nabi Ibrahim?

5. Nu dipiharep ku Yéhuwa ti sobat-Na

Biasana, urang sok aya paménta ka sobat urang.

  • Anjeun hayang sobat anjeun ngalakukeun naon?

Baca 1 Yahya 5:3, terus bahas:

  • Yéhuwa hayang sobat-Na ngalakukeun naon?

Supaya bisa ngajalankeun paréntah-paréntah Yéhuwa, meureun aya sipat atawa kalakuan urang nu kudu dirobah. Baca Yesaya 48:17, 18, terus bahas:

  • Ku naon Yéhuwa hayang sobat-Na taat kana paréntah-paréntah-Na?

Nu ngaranna sobat mah bakal ngingetan urang kana hal anu hadé jeung nu bisa ngalindungan urang. Yéhuwa téh kitu ka sobat-sobat-Na

6. Nu dilakukeun ku Yéhuwa keur sobat-Na

Yéhuwa nulungan sobat-sobat-Na pikeun nyanghareupan masalah. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha Yéhuwa nulungan awéwé dina vidéo éta pikeun ngalawan pikiran goréng jeung parasaan sedih?

Baca Yesaya 41:10, 13, terus bahas:

  • Yéhuwa ngajangjikeun naon ka sobat-sobat-Na?

  • Ceuk anjeun, na Yéhuwa bisa jadi sobat urang? Ku naon?

Sobat bakal nulungan anjeun iraha waé anjeun butuh bantuan. Yéhuwa gé bakal nulungan anjeun

7. Urang kudu nyarita ka Yéhuwa jeung ngadéngékeun Anjeunna

Urang bisa beuki deukeut jeung sobat urang mun sering ngobrol jeung manéhna. Baca Jabur 86:​6, 11, terus bahas:

  • Kumaha carana urang nyarita ka Yéhuwa?

  • Kumaha carana urang ngadéngékeun Yéhuwa?

Urang nyarita ka Yéhuwa ku cara ngadoa jeung ngadéngékeun Anjeunna ku cara maca Alkitab

AYA NU NGOMONG: ”Manusa mah mustahil bisa nyobat jeung Allah.”

  • Ayat mana nu bisa anjeun bacakeun pikeun ngajelaskeun yén manusa bisa nyobat jeung Allah?

INTI BAB

Yéhuwa téh hayang jadi Sobat anjeun. Yéhuwa gé bakal mantuan anjeun pikeun ngadeukeut ka Anjeunna.

Nu geus dibahas

  • Kumaha Yéhuwa nulungan sobat-Na?

  • Ku naon Yéhuwa hayang sobat-Na taat kana paréntah-paréntah-Na?

  • Ceuk anjeun, na anu dipénta ku Yéhuwa téh hésé teuing? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Ku naon nyobat jeung Allah aya mangpaatna keur kahirupan anjeun?

”Urang Perlu Kenal ka Allah Yéhuwa” (Warta Hadé 15 Pébruari 2003)

Perhatikeun ku naon saurang awéwé ngarasa sosobatanana jeung Yéhuwa geus nyalametkeun kahirupanana.

”Abdi Embung Paéh!” (Warta Hadé No. 1 2017)

Déngékeun kumaha barudak ngora ngungkabkeun parasaanana ngeunaan Yéhuwa.

Kumaha Rasana Jadi Sobat Allah? (1:46)