Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 09

Beuki Deukeut jeung Allah ku Cara Ngadoa

Beuki Deukeut jeung Allah ku Cara Ngadoa

Pernah teu anjeun ngarasa butuh bingbingan, tapi teu nyaho kudu kumaha? Na anjeun hayang meunangkeun jawaban keur hal-hal penting ngeunaan kahirupan? Na anjeun keur hariwang jeung hayang dililipur? Na anjeun hayang beuki deukeut jeung Yéhuwa? Mun kitu, sok ngadoa. Tapi, kumaha cara anu bener pikeun ngadoa? Na kabéh doa didéngékeun ku Allah? Naon nu kudu anjeun lakukeun supaya doa anjeun didéngékeun ku Allah? Hayu urang bahas.

1. Urang kudu ngadoa ka saha, jeung naon nu bisa urang doakeun?

Nabi-nabi saperti Nuh, Ibrahim, Musa, jeung Daud ngadoa ka Allah Yéhuwa. Misalna, Nabi Daud ngadoa, ”Nun Yéhuwa, dangukeun doa abdi.” (Jabur 143:1, NW) Mun urang ngadoa ka Yéhuwa, urang jadi beuki deukeut jeung Anjeunna.

Urang bisa ngadoakeun sagala hal. Tapi supaya doa urang didéngékeun ku Allah, doa urang kudu sajalan jeung kahayang-Na. ”Sagala hal nu dipénta ku urang nu sajalan jeung kahayang Allah bakal didéngékeun ku Anjeunna.” (1 Yahya 5:14) Nabi Isa geus méré conto ngeunaan sababaraha hal nu bisa didoakeun ku urang. (Baca Matius 6:9-13.) Urang bisa ngadoakeun masalah urang, tapi ulah poho ngucap sukur ka Allah pikeun sagala berkah nu geus ditarima ku urang. Sarta, ulah poho pikeun ngadoakeun batur ogé.

2. Waktu ngadoa, urang kudu kumaha?

Ceuk Alkitab, urang bisa ngabudalkeun ”sakabeh kasusah ka [Allah]”. (Jabur 62:9) Jadi urang téh kudu ngadoa tina haté. Urang bisa ngadoa di jero haté hungkul atawa bari diucapkeun. Urang gé bisa ngadoa iraha waé jeung di mana waé. Waktu ngadoa, urang bisa bari diuk, bari nangtung, atawa bari sujud, nu penting mah sikep urang kudu sopan.

3. Kumaha carana Allah ngajawab doa urang?

Allah ngajawab doa urang ku rupa-rupa cara, salah sahijina téh liwat Alkitab. Dina Alkitab, urang sering manggihan jawaban pikeun hal-hal penting nu keur dipikirkeun ku urang. Alkitab bisa ”mere hikmah ka anu tuna harti”. (Jabur 19:8; baca Yakobus 1:5.) Terus mun urang keur boga masalah, Allah bisa méré katengtreman ka urang. Anjeunna gé bisa ngagerakkeun umat-Na pikeun nulungan urang.

HAYU NGULIK

Tingali doa nu jiga kumaha nu dipikaresep ku Allah. Sarta, tingali naon mangpaatna doa keur anjeun.

4. Kumaha supaya doa urang didéngékeun ku Allah?

Doa nu jiga kumaha nu didéngékeun ku Allah? Setél VIDÉO.

Yéhuwa hayang urang ngadoa ka Anjeunna. Baca Jabur 65:3, terus bahas:

  • Na Allah hayang anjeun ngadoa ka Anjeunna? Ku naon?

Mun hayang doa urang didéngékeun ku Allah, urang kudu hirup sajalan jeung kahayang-Na. Baca Mika 3:4 jeung 1 Pétrus 3:12, terus bahas:

  • Urang kudu kumaha supaya doa urang didéngékeun ku Yéhuwa?

Pas rék perang, masing-masing pihak ngadoa ngarah bisa ngéléhkeun musuhna. Mungkin teu Allah ngabulkeun doa nu jiga kitu?

5. Doa urang kudu tina haté

Aya jalma anu unggal ngadoa téh maké kekecapan nu kitu deui kitu deui. Atawa, aya ogé nu ngadoa maké basa nu teu dipikaharti ku manéhna, da kitu diajarkeunana. Tapi, sabenerna kumaha kahayang Allah téh? Baca Matius 6:7, terus bahas:

  • Kumaha supaya urang henteu ”teterusan maké kekecapan nu sarua” waktu ngadoa?

Anjeun bisa mikirkeun sahenteuna hiji berkah nu geus ditarima, terus ucapkeun sukur ka Yéhuwa. Lamun ieu dilakukeun unggal poé, dina saminggu téh anjeun bisa ngadoakeun tujuh hal nu béda.

Saurang bapa hayang budakna nyaritakeun eusi haténa. Kitu ogé, Yéhuwa hayang urang nyaritakeun eusi haté dina doa

6. Doa téh kurnia ti Allah

Kumaha doa bisa méré urang kakuatan, pangpangna waktu urang keur boga kasusah? Setél VIDÉO.

Ceuk Alkitab, lamun urang geus ngadoa, haté jeung pikiran urang téh bisa tenang. Baca Filipi 4:6, 7, terus bahas:

  • Sanggeus ngadoa, meureun masalah urang téh teu langsung leungit. Tapi, doa tetep aya mangpaatna. Naon éta téh?

  • Anjeun rék ngadoakeun hal naon waé?

Anjeun apal teu?

Kecap ”amin” téh hartina ”sing laksana” atawa ”satuju”. Ti jaman baheula gé, jalma-jalma osok ngucapkeun ”amin” dina ahir doa.​—1 Babad 16:36.

7. Sadiakeun waktu pikeun ngadoa

Kadang, urang sok sibuk teuing nepi ka poho ngadoa. Keur Nabi Isa, ngadoa téh penting pisan. Baca Matius 14:23 jeung Markus 1:35, terus bahas:

  • Naon nu dilakukeun ku Nabi Isa supaya boga waktu pikeun ngadoa?

  • Iraha anjeun bisa nyadiakeun waktu pikeun ngadoa?

AYA NU NGOMONG: ”Mun hayang didéngékeun ku Allah, ngadoa téh kudu maké basa nu geus ditangtukeun ku Anjeunna, teu bisa sakahayang urang.”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Mun urang ngadoa tina haté, urang téh bakal beuki deukeut jeung Allah. Haté jeung pikiran urang gé bakal leuwih tenang. Salian ti éta, urang gé bakal boga kakuatan supaya bisa hirup sajalan jeung kahayang Yéhuwa.

Nu geus dibahas

  • Urang kudu ngadoa ka saha?

  • Kumaha cara nu bener pikeun ngadoa?

  • Naon waé mangpaatna ngadoa?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Hal-hal nu osok ditanyakeun ku jalma-jalma ngeunaan doa jeung naon jawabanana.

”Tujuh Hal ngeunaan Doa nu Kudu Dipikanyaho ku Urang” (Warta Hadé 1 Oktober 2010)

Ku naon anjeun kudu ngadoa, jeung kumaha supaya doa anjeun bisa leuwih hadé?

”Naon Mangpaatna Ngadoa?” (Artikel dina jw.org)

Ceuk Alkitab, urang kudu ngadoa ka saha?

”Naha Urang Kudu Ngadoa ka Santo?” (Artikel dina jw.org)

Dina vidéo ieu, tingali di mana jeung iraha urang bisa ngadoa.

Pék Ngadoa Unggal Waktu (1:22)