Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 10

Naon Mangpaatna Miluan Acara Ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?

Naon Mangpaatna Miluan Acara Ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?

Na anjeun pernah miluan acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa? Mun can pernah, terus anjeun hayang miluan, meureun anjeun rada bingung. Anjeun meureun mikir, ’Engké acarana kumaha? Ku naon abdi kudu datang? Mémangna penting kitu?’ Bab ieu bakal ngajelaskeun, lamun urang ibadah babarengan, urang bakal beuki deukeut jeung Allah. Urang gé bakal meunang mangpaat séjénna.

1. Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa osok ngumpul?

Salah saurang jalma nu nulis Alkitab pernah ngomong kieu, ”Kaula muji sukur ka [Yéhuwa] di jero kumpulan umat-Na.” (Jabur 26:12) Ayeuna gé, Saksi-Saksi Yéhuwa resep ngumpul. Di sakuliah dunya, maranéhna ngumpul unggal minggu pikeun ngadoa, ngawih, jeung muji Allah babarengan. Terus unggal taunna gé, maranéhna ngayakeun acara nu leuwih gedé pikeun ibadah babarengan.

2. Anjeun bakal diajar naon dina acara ibadah?

Di ditu, Firman Allah téh bakal ”diterangkeun pihartieunana sangkan kaharti ku hadirin”. (Baca Nehemia 8:8.) Anjeun bakal diajar ngeunaan Yéhuwa jeung sipat-sipat-Na. Mun anjeun ngarasakeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka anjeun, anjeun bakal leuwih hayang ngadeukeutkeun diri ka Yéhuwa. Anjeun gé bakal diajar kumaha Yéhuwa bisa mantuan anjeun supaya bisa hirup bagja.​—Yesaya 48:17, 18.

3. Naon mangpaatna gaul jeung jalma-jalma dina pakumpulan ibadah?

Yéhuwa hayang urang ”silih perhatikeun supaya urang kageuing pikeun némbongkeun kanyaah jeung kahadéan” sarta henteu ”ngalalaworakeun pasamoan urang”. (Ibrani 10:24, 25) Dina pakumpulan ibadah, anjeun bisa panggih jeung jalma-jalma nu bener-bener silih pikanyaah. Maranéhna téh sarua jiga anjeun, hayang nyaho leuwih loba ngeunaan Allah. Terus, anjeun gé bakal ngadéngékeun naséhat-naséhat nu dasarna tina Alkitab, misalna liwat caramah, koméntar batur, atawa waktu gaul jeung jalma-jalma. (Baca Roma 1:11, 12.) Di ditu, anjeun bakal ningali, jalma-jalma téh bisa tetep bagja najan boga masalah. Yéhuwa téh hayang anjeun terus datang ka acara ibadah ngarah anjeun ngarasakeun mangpaat-mangpaat éta.

HAYU NGULIK

Mangga tingali jiga kumaha acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa jeung naon mangpaatna datang ka acara ibadah éta.

4. Acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa

Dina abad kahiji, urang Kristen rutin ngumpul pikeun ibadah ka Yéhuwa. (Roma 16:3-5) Baca Kolose 3:16, terus bahas:

  • Kumaha cara urang Kristen dina abad kahiji ibadah ka Yéhuwa?

Ayeuna gé, Saksi-Saksi Yéhuwa rutin ngumpul di tempat ibadah. Pikeun ningali jiga kumaha acarana, setél VIDÉO. Geus kitu, tingali gambar nu nunjukkeun acara ibadah. Terus bahas:

  • Hal naon waé nu sarua antara Kolose 3:16 jeung nu aya dina vidéo sarta gambar?

  • Naon deui nu dipikaresep ku anjeun tina acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?

Baca 2 Korintus 9:7, terus bahas:

  • Ku naon acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa téh gratis?

Bareng jeung saurang Saksi, mangga tingali bahan nu bakal dibahas dina acara ibadah minggu ieu.

  • Bagian mana nu paling dipikaresep ku anjeun?

Anjeun apal teu?

Dina jw.org, anjeun bisa ningali iraha jeung di mana acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa diayakeun di sakuliah dunya.

  1. Dina acara ibadah, aya caramah. Urang gé nongton vidéo sarta diajarkeun carana méré nyaho pangajaran Alkitab ka batur. Acarana dibuka jeung ditutup ku kawih jeung doa

  2. Dina sababaraha bagian, para hadirin bisa méré koméntar

  3. Kabéh jalma meunang datang

  4. Acarana gratis. Saksi-Saksi Yéhuwa teu narik sumbangan atawa biaya naon waé

5. Butuh upaya pikeun datang ka acara ibadah

Baheula, kulawargana Nabi Isa kudu upaya pikeun datang ka acara ibadah. Unggal taun, maranéhna kudu leumpang ti Nazarét ka Yérusalém, nu jauhna kira-kira 100 kilométer jeung ngaliwatan daérah pagunungan. Baca Lukas 2:39-42, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, na indit ka Yérusalém pikeun ibadah téh butuh upaya?

  • Ku naon anjeun gé bisa jadi kudu nyieun pangorbanan pikeun datang ka acara ibadah?

  • Ceuk anjeun, na upaya anjeun téh aya mangpaatna? Ku naon?

Ceuk Alkitab, ngumpul pikeun ibadah babarengan téh penting pisan. Baca Ibrani 10:24, 25, terus bahas:

  • Ku naon urang kudu rutin datang ka acara ibadah?

AYA NU NGOMONG: ”Ibadah mah sorangan gé teu nanaon, da éta mah urusan masing-masing.”

  • Ayat atawa kisah Alkitab mana nu nunjukkeun Yéhuwa hayang urang ngumpul pikeun ibadah?

INTI BAB

Lamun anjeun datang ka acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa, anjeun bakal diajar leuwih loba hal ngeunaan Yéhuwa. Anjeun bisa leuwih deukeut jeung Yéhuwa. Terus, anjeun gé bisa ibadah babarengan jeung nu séjén.

Nu geus dibahas

  • Ku naon Yéhuwa hayang urang ngumpul pikeun ibadah bareng?

  • Anjeun bakal diajar naon dina acara ibadah?

  • Naon deui mangpaatna mun anjeun datang ka acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Na anjeun hayang datang ka acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa, tapi rada bingung? Tingali ku naon saurang lalaki jadi resep datang ka acara ibadah.

Urang Moal Poho Sambutan Éta! (4:16)

Tingali ku naon saurang budak ngora resep datang ka acara ibadah jeung naon nu dilakukeun ku manéhna supaya bisa terus datang.

Abdi Resep Pisan ka Pasamoan! (4:33)

Nu dirasakeun ku jalma-jalma waktu datang ka acara ibadah.

”Keur Naon Urang Datang ka Balé Karajaan?” (Artikel dina jw.org)

Kahirupan saurang anggota géng barobah sanggeus manéhna datang ka acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa.

”Abdi Sok Mawa Péstol ka Mana-Mana” (Warta Hadé 1 Juli 2014)