Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 16

Naon nu Dilakukeun ku Nabi Isa di Bumi?

Naon nu Dilakukeun ku Nabi Isa di Bumi?

Loba jalma apal ngeunaan Nabi Isa. Tapi, maranéhna ngan apal kana kisah pas Nabi Isa orok kénéh atawa kisah pas manéhna maot. Terus, aya ogé nu ngan saukur apal Nabi Isa téh saurang nabi nu bijaksana. Na urang bisa apal leuwih loba hal ngeunaan kahirupan Nabi Isa di bumi? Dina bab ieu, urang bakal ngabahas sababaraha hal pangpentingna nu dilakukeun ku Nabi Isa jeung naon pangaruhna keur urang.

1. Naon hal pangpentingna nu dilakukeun ku Nabi Isa?

Hal pangpentingna nu dilakukeun ku Nabi Isa téh nyaéta ”ngawawarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah”. (Baca Lukas 4:43.) Manéhna nguarkeun warta hadé yén Allah bakal ngadegkeun hiji pamaréntahan nu bakal nyingkirkeun kabéh masalah umat manusa. a Nabi Isa teu eureun-eureun nguarkeun hal ieu salila tilu satengah taun.​—Matius 9:35.

2. Ku naon Nabi Isa dibéré kawasa pikeun nyieun loba mujijat?

Alkitab ngajelaskeun, ”Liwat [Isa], Allah ngayakeun tindakan-tindakan nu hébat, mujijat-mujijat, jeung tanda-tanda.” (Kisah 2:22) Allah méré kawasa ka Nabi Isa pikeun ngeureunkeun angin ribut, méré dahar rébuan jalma, nyageurkeun nu gering, jeung ngahirupkeun deui jalma nu geus maot. (Matius 8:23-27; 14:15-21; Markus 6:56; Lukas 7:11-17) Mujijat-mujijat nu dilakukeun ku Nabi Isa nunjukkeun yén manéhna diutus ku Allah. Éta ogé nunjukkeun yén Allah boga kawasa pikeun ngaréngsékeun kabéh masalah manusa.

3. Urang bisa diajar naon tina cara hirup Nabi Isa?

Nabi Isa téh satia ka Yéhuwa dina sagala hal. (Baca Yahya 8:29.) Pas keur aya tangtangan gé, Nabi Isa tetep ngajalankeun paréntah Bapana nepi ka manéhna maot. Manéhna ngabuktikeun yén manusa bisa taat ka Allah, sanajan aya dina kaayaan nu susah. Ku kituna, manéhna jadi ”tuladan supaya [urang] nuturkeun unggal léngkahna”.​—1 Pétrus 2:21.

HAYU NGULIK

Perhatikeun kumaha Nabi Isa nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma sarta nyieun mujijat-mujijat.

4. Nabi Isa nguarkeun warta hadé

Nabi Isa kudu leumpang ratusan kilométer dina jalan nu kebul supaya bisa nguarkeun warta hadé ka saloba-lobana jalma. Baca Lukas 8:1, terus bahas:

  • Na Nabi Isa ngan nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma nu geus ngumpul pikeun ngadéngékeun manéhna?

  • Nabi Isa kudu nyieun upaya naon supaya bisa nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma?

Allah geus méré nyaho yén Al-Masih bakal nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma. Baca Yésaya 61:1, 2, terus bahas:

  • Kumaha nubuat ieu jadi kanyataan dina diri Nabi Isa?

  • Ceuk anjeun, na jalma-jalma dina jaman ayeuna gé perlu ngadéngékeun warta hadé?

5. Nabi Isa ngajarkeun hal-hal nu penting

Nabi Isa méré nyaho warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka batur. Manéhna gé méré loba naséhat nu alus keur kahirupan sapopoé. Perhatikeun sababaraha naséhat ti Nabi Isa waktu manéhna méré Hutbah di Gunung. Baca Matius 6:14, 34 jeung 7:12, terus bahas:

  • Dina ayat-ayat ieu, Nabi Isa méré naséhat naon waé?

  • Ceuk anjeun, na naséhatna téh masih aya mangpaatna nepi ka ayeuna?

6. Nabi Isa nyieun loba mujijat

Yéhuwa méré kawasa ka Nabi Isa pikeun nyieun loba mujijat. Baca Markus 5:25-34 atawa setél VIDÉO pikeun ningali salah sahiji mujijat Nabi Isa, terus bahas:

  • Dina vidéo, awéwé nu gering éta percaya kana hal naon?

  • Naon nu dipikaresep ku anjeun tina mujijat ieu?

Baca Yahya 5:36, terus bahas:

  • Mujijat-mujijatna Nabi Isa ngabuktikeun naon?

Anjeun apal teu?

Urang bisa apal loba hal ngeunaan Nabi Isa sabab kisah hirupna dicatet dina opat kitab nu disebut Injil, nyaéta Matius, Markus, Lukas, jeung Yahya. Unggal jalma nu nulis Injil téh nyatet rupa-rupa hal ngeunaan Nabi Isa. Lamun urang maca opat kitab ieu, urang bisa apal loba hal ngeunaan Nabi Isa.

  • MATIUS

    nulis Injil nu mimiti. Manéhna nyaritakeun loba pangajaran ti Nabi Isa, hususna ngeunaan Pamaréntahan Allah.

  • MARKUS

    nulis Injil nu pangpondokna. Manéhna nyaritakeun loba kajadian nu luar biasa.

  • LUKAS

    nyaritakeun, keur Nabi Isa mah ngadoa téh penting pisan. Manéhna gé nyaritakeun kumaha sikep Nabi Isa ka awéwé.

  • YAHYA

    sering nyaritakeun naon nu diomongkeun ku Nabi Isa ka sobat-sobatna jeung ka batur. Ti dinya, urang bisa ningali Nabi Isa téh jalma nu jiga kumaha.

AYA NU NGOMONG: ”Nabi Isa mah ngan saurang nabi, teu aya bédana ti nabi-nabi séjénna.”

  • Kumaha ceuk anjeun?

INTI BAB

Nabi Isa méré nyaho batur ngeunaan Pamaréntahan Allah, nyieun loba mujijat, sarta taat ka Yéhuwa dina sagala kaayaan.

Nu geus dibahas

  • Naon hal pangpentingna nu dilakukeun ku Nabi Isa di bumi?

  • Mujijat-mujijat Nabi Isa ngabuktikeun naon?

  • Nabi Isa méré naséhat alus naon waé?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Hal naon nu paling sering diomongkeun ku Nabi Isa?

”Keur Isa, Naon Pamaréntahan Allah téh?” (Warta Hadé 1 Oktober 2014)

Ku naon urang bisa yakin yén mujijat-mujijat ti Nabi Isa téh bener-bener nyata?

”Naon Palajaran tina Mujijat-mujijatna Nabi Isa?” (Warta Hadé 15 Juli 2004)

Tingali kumaha kahirupan saurang lalaki barobah sanggeus manéhna diajar sakumaha nyaahna Nabi Isa ka jalma-jalma.

”Abdi Teu Paduli ka Batur” (Warta Hadé 1 Oktober 2014)

Tingali hal-hal penting nu dilakukeun ku Nabi Isa dumasar kana waktu kajadianana.

”Kajadian dina Kahirupan Isa di Bumi” (Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru, Lampiran A7)

a Urang bakal ngabahas leuwih rinci ngeunaan Pamaréntahan Allah dina Bab 31-33.