Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 17

Nabi Isa téh Jalma nu Jiga Kumaha?

Nabi Isa téh Jalma nu Jiga Kumaha?

Tina omongan jeung tindakan Nabi Isa salila manéhna hirup di bumi, urang bisa apal kumaha sipat manéhna. Waktu ningali sipat-sipat éta, urang jadi hayang nyobat jeung manéhna sarta jeung Bapana, nyaéta Yéhuwa. Jiga kumaha sipat Nabi Isa téh? Jeung, kumaha urang bisa nyonto manéhna?

1. Nabi Isa mirip jeung Bapana dina hal naon waé?

Di sorga, Isa ningali jeung diajar loba hal ti Bapana salila miliaran taun. Ku kituna, pamikiran, parasaan, jeung tindakan manéhna téh jadi jiga Bapana. (Baca Yahya 5:19.) Malah saking miripna, Nabi Isa pernah ngomong kieu, ”Saha waé nu ningali urang sarua jeung ningali Bapa.” (Yahya 14:9) Nah, mun anjeun diajar ngeunaan sipat-sipat Nabi Isa, anjeun gé bakal leuwih kenal ka Yéhuwa. Misalna, mun anjeun diajar sakumaha nyaahna Nabi Isa ka jalma-jalma, engké anjeun bakal ngarti kumaha parasaan Yéhuwa ka anjeun.

2. Kumaha Nabi Isa nunjukkeun yén manéhna nyaah ka Bapana?

Ceuk Nabi Isa, ”Supaya dunya nyaho urang nyaah ka Bapa, urang rék ngalampahkeun naon nu diparéntahkeun Bapa ka urang.” (Yahya 14:31) Waktu hirup di bumi, Nabi Isa nunjukkeun yén manéhna nyaah pisan ka Bapana. Kumaha carana? Ku cara nurut ka Bapana sanajan keur aya kasusah. Nabi Isa gé resep pisan nyaritakeun ngeunaan Bapana. Manéhna resep mantuan batur pikeun nyobat jeung Bapana.​—Yahya 14:23.

3. Naon buktina Nabi Isa nyaah ka jalma-jalma?

Alkitab nyebutkeun yén Nabi Isa téh resep pisan ka umat manusa. (Siloka 8:31) Ku lantaran nyaah, manéhna osok nulungan jeung ngagedékeun haté batur. Nabi Isa gé sering nyieun mujijat. Éta téh lain keur nunjukkeun manéhna boga kawasa, tapi lantaran manéhna karunya ka jalma-jalma. (Markus 1:40-42) Geus kitu, Nabi Isa gé bageur jeung teu pernah goréng sangka ka batur. Omonganana nengtremkeun jeung méré harepan ka jalma-jalma. Terus, manéhna téh réla sangsara jeung maot lantaran nyaah ka manusa. Tapi, nu paling dipikanyaah ku manéhna téh nyaéta jalma-jalma nu ngajalankeun pangajaranana.​—Baca Yahya 15:13, 14.

HAYU NGULIK

Perhatikeun kumaha sipat-sipatna Nabi Isa. Terus, tingali kumaha urang bisa nunjukkeun kanyaah jeung resep barangbéré jiga manéhna.

4. Nabi Isa nyaah ka Bapana

Nabi Isa méré conto kumaha carana nunjukkeun kanyaah ka Allah. Baca Lukas 6:12 jeung Yahya 15:10; 17:26. Unggal bérés maca hiji ayat, bahas pananya ieu:

  • Kumaha urang bisa nyonto Nabi Isa jeung nunjukkeun kanyaah ka Allah?

Nabi Isa nyaah ka Bapana nu di sorga sarta sering nyarita ka Anjeunna liwat doa

5. Nabi Isa merhatikeun kabutuhan batur

Nabi Isa leuwih mentingkeun batur tibatan dirina sorangan. Najan capé, manéhna daék ngagunakeun waktu jeung tanagana pikeun nulungan batur. Baca Markus 6:30-44, terus bahas:

  • Tina kisah ieu, hal naon waé nu nunjukkeun yén Nabi Isa téh merhatikeun batur?​—Tingali ayat 31, 34, 41, jeung 42.

  • Ku naon manéhna daék nulungan batur?​—Tingali ayat 34.

  • Pan Nabi Isa téh némbongkeun sipat-sipat Yéhuwa, jadi kisah ieu ngajarkeun naon ngeunaan Yéhuwa?

  • Ku cara naon waé anjeun bisa nyonto tuladan Nabi Isa dina hal merhatikeun batur?

6. Nabi Isa téh resep barangbéré

Najan Nabi Isa teu boga loba harta, manéhna resep barangbéré ka batur. Manéhna gé ngajarkeun, urang kudu resep barangbéré. Baca Kisah 20:35, terus bahas:

  • Ceuk Nabi Isa, kumaha carana supaya urang bagja?

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Najan urang teu boga loba harta, urang masih bisa barangbéré ka batur. Naon waé nu bisa urang béré?

Anjeun apal teu?

Alkitab ngajarkeun, waktu urang ngadoa ka Yéhuwa, doana kudu ditepikeun liwat ngaran Isa. (Baca Yahya 16:23, 24.) Mun urang ngadoa jiga kitu, éta tandana urang ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku Nabi Isa demi urang, nyaéta mantuan urang supaya bisa nyobat jeung Yéhuwa.

AYA NU NGOMONG: ”Kasangsaraan téh ujian ti Allah.”

  • Kumaha tindakan Nabi Isa ngabuktikeun yén Yéhuwa teu pernah nyababkeun urang sangsara?

INTI BAB

Nabi Isa téh nyaah ka Yéhuwa jeung ka jalma-jalma. Sipat Nabi Isa gé mirip jeung Bapana. Jadi, mun urang beuki kenal ka Nabi Isa, urang gé bakal beuki kenal ka Yéhuwa.

Nu geus dibahas

  • Kumaha urang bisa nyonto Nabi Isa dina hal nunjukkeun kanyaah ka Yéhuwa?

  • Kumaha urang bisa nyonto Nabi Isa dina hal nunjukkeun kanyaah ka jalma-jalma?

  • Anjeun paling resep sipat Nabi Isa nu mana?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Perhatikeun sababaraha sipat Nabi Isa nu bisa dipiconto ku urang.

”Nyonto Nabi Isa ku Cara . . .” (Yesus​—Jalan, Kebenaran, Kehidupan, kaca 317)

Tingali ku naon doa urang kudu ditepikeun liwat ngaran Isa.

”Ku Naon Doa Urang Kudu Ditepikeun Liwat Ngaran Isa?” (Warta Hadé 1 Pébruari 2008)

Na Alkitab méré nyaho jiga kumaha rupana Nabi Isa?

”Saperti Kumaha Rupa Yésus téh?” (Artikel dina jw.org)

Urang bisa diajar naon tina sikepna Nabi Isa waktu urusan jeung awéwé?

”Allah Ngahargaan jeung Perhatian ka Awéwé” (Warta Hadé 1 Séptémber 2012)