Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 20

Kumaha Sidang Jamaah Diatur?

Kumaha Sidang Jamaah Diatur?

Yéhuwa téh Allah nu tartib. (1 Korintus 14:33) Jadi, umat-Na gé kudu tartib. Kumaha carana sidang Kristen diatur? Kumaha urang bisa ngadukung supaya sidang tartib?

1. Saha kapalana sidang jamaah téh?

”Al-Masih kapalana sidang jamaah.” (Éfésus 5:23) Ti sorga, manéhna ngatur kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Manéhna gé ngangkat ”palayan nu satia jeung bijaksana”, nyaéta sababaraha priya nu geus lila jadi kokolot. Ayeuna, maranéhna disebut Badan Pingpinan. (Baca Matius 24:45-47.) Dina abad kahiji, para rasul jeung kokolot di Yérusalém méré bingbingan ka sidang-sidang. Ayeuna, Badan Pingpinan gé méré bingbingan keur sidang-sidang di sakuliah dunya. (Kisah 15:2) Tapi, maranéhna téh lain pamingpin urang. Maranéhna maca Alkitab supaya apal naon nu dipikahayang ku Yéhuwa ti maranéhna. Maranéhna gé nuturkeun bingbingan ti Nabi Isa.

2. Naon tugasna para kokolot?

Para kokolot téh priya-priya nu geus mangtaun-taun jadi urang Kristen. Maranéhna ngajarkeun Alkitab sarta mantuan jeung nguatkeun umat Allah. Para kokolot teu dibayar. Dina ngajalankeun tugasna, maranéhna ”kudu réla di hareupeun Allah, sarta kudu sumanget, lain rék néang kauntungan maké cara nu teu jujur”. (1 Pétrus 5:1, 2) Para kokolot dibantuan ku para palayan sidang nu engkéna bisa jadi kokolot ogé.

Badan Pingpinan milih sababaraha kokolot pikeun jadi pangawas wilayah. Engkéna, pangawas wilayah datang ka sidang-sidang pikeun méré bingbingan jeung nguatkeun dulur saiman. Terus, manéhna milih priya-priya di sidang pikeun jadi kokolot jeung palayan sidang. Nu dipilih téh nyaéta para priya nu geus minuhan sarat-sarat dina Alkitab—1 Timotius 3:1-10, 12; Titus 1:5-9.

3. Naon tugas unggal Saksi Yéhuwa?

Kabéh jalma di sidang jamaah téh ”muji jenengan [Yéhuwa]”. (Baca Jabur 148:12, 13.) Dina pasamoan, urang bisa nyanyi ngamulyakeun Yéhuwa, méré koméntar, atawa méré pintonan. Terus, urang gé ngawawar sabisa-bisana.

HAYU NGULIK

Hayu tingali Nabi Isa téh pamingpin nu jiga kumaha jeung kumaha para kokolot nyonto manéhna. Terus, tingali kumaha carana nurut ka Nabi Isa sarta ngadukung para kokolot.

4. Nabi Isa téh pamingpin nu bageur

Nabi Isa ngajak urang pikeun nuturkeun manéhna. Baca Matius 11:28-30, terus bahas:

  • Nabi Isa téh pamingpin nu jiga kumaha? Manéhna hayang urang ngarasa kumaha?

Kumaha para kokolot nyonto tuladan manéhna? Setél VIDÉO.

Alkitab ngajelaskeun kokolot kudu kumaha waktu ngajalankeun tugasna.

Baca Yesaya 32:2 jeung 1 Pétrus 5:1-3, terus bahas:

  • Kumaha parasaan anjeun sanggeus apal yén para kokolot téh nyonto Nabi Isa pikeun ngajaga jeung nguatkeun dulur saiman?

  • Ku cara naon deui para kokolot nyonto Nabi Isa?

5. Para kokolot téh jadi tuladan

Ceuk Nabi Isa, kumaha sakuduna para kokolot ngajalankeun tugasna? Setél VIDÉO.

Nabi Isa méré nyaho kumaha kuduna sikep jalma-jalma nu ngurus jamaah. Baca Matius 23:8-12, terus bahas:

  • Dumasar kana Alkitab, kokolot téh kuduna kumaha? Ceuk anjeun, na para pamingpin agama séjén gé nuturkeun patokan ieu?

  1. Kokolot téh upaya ngarah manéhna sakulawarga terus nyobat jeung Yéhuwa

  2. Kokolot téh merhatikeun kabéh jamaah

  3. Kokolot téh rutin ngawawar

  4. Kokolot téh ngajarkeun Alkitab. Manéhna gé milu bebersih jeung ngagawékeun tugas-tugas séjénna

6. Urang perlu ngadukung para kokolot

Alkitab méré nyaho ku naon urang perlu ngadukung para kokolot. Baca Ibrani 13:17, terus bahas:

  • Ku naon Alkitab nyebutkeun yén urang perlu taat jeung tunduk ka jalma-jalma nu ngurus jamaah? Anjeun satuju teu kana hal éta? Ku naon?

Baca Lukas 16:10, terus bahas:

  • Ku naon urang perlu nurut ka kokolot sanajan dina urusan nu leutik?

AYA NU NGOMONG: ”Urang teu kudu jadi anggota tina hiji pakumpulan ibadah. Ibadah mah kumaha urang wéh.”

  • Ceuk anjeun, naon mangpaatna mun urang jadi anggota sidang jamaah?

INTI BAB

Nabi Isa téh kapalana sidang jamaah. Para kokolot nuturkeun bingbingan ti manéhna sarta nguatkeun jeung méré tuladan keur urang. Jadi, urang bungah ngadukung maranéhna.

Nu geus dibahas

  • Saha kapalana sidang jamaah téh?

  • Kumaha para kokolot ngurus sidang jamaah?

  • Unggal Saksi Yéhuwa boga tugas naon?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali bukti nu nunjukkeun yén Badan Pingpinan jeung para kokolot téh bener-bener merhatikeun sidang jamaah.

Nguatkeun Sadérék-Sadérék di Nagri nu Ngalarang Kagiatan Urang (4:22)

Naon waé tugas pangawas wilayah?

Kahirupan Pangawas Wilayah di Kampung (4:51)

Perhatikeun upaya ti para kokolot pikeun nguatkeun dulur saiman.

”Para Kokolot téh ’Batur Gawé nu Mawa Kabungah’” (Warta Hadé 15 Januari 2013)