Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 21

Saha nu Ngawawarkeun Warta Hadé?

Saha nu Ngawawarkeun Warta Hadé?

Sakeudeung deui, Yéhuwa bakal ngagunakeun Pamaréntahana-Na pikeun nyingkirkeun kabéh masalah di dunya ieu. Ieu téh warta nu alus pisan. Kabéh jalma kudu ngadéngé warta ieu. Nabi Isa gé hayang murid-muridna ngawawarkeun warta ieu ka kabéh jalma! (Matius 28:19, 20) Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa ngajalankeun paréntah Nabi Isa ieu?

1. Kumaha Matius 24:14 jadi kanyataan ayeuna?

Nabi Isa ngomong, ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun ka sakuliah dunya.” (Matius 24:14) Saksi-Saksi Yéhuwa senang ngajalankeun pagawéan penting ieu. Urang ngawawarkeun warta hadé di sakuliah dunya ngagunakeun 1.000 basa leuwih! Ieu téh proyék nu gedé, jadi butuh upaya nu gedé ogé jeung kudu diatur. Mun teu dibantuan ku Yéhuwa mah, pagawéan ieu moal bisa dijalankeun.

2. Urang nyieun upaya naon pikeun ngawawar ka jalma-jalma?

Urang ngawawar ka jalma-jalma di mana waé. Jiga urang Kristen dina abad kahiji, urang ngawawar ”ti imah ka imah”. (Kisah 5:42) Urang sabisa-bisa ngawawar ka unggal imah. Jadi, unggal taunna téh urang bisa ngawawar ka jutaan jalma. Tapi, kadang aya jalma nu euweuh di imah. Ku kituna, urang ogé ngawawar di tempat umum. Urang terus néangan kasempetan pikeun méré nyaho batur ngeunaan Yéhuwa jeung tujuana-Na.

3. Saha nu boga tanggung jawab pikeun ngawawarkeun warta hadé?

Kabéh urang Kristen nu sajati boga tanggung jawab pikeun ngawawarkeun warta hadé ka jalma-jalma. Ieu téh tugas nu penting. Urang sabisa-bisana ngawawar lantaran apal ieu téh bisa nyalametkeun kahirupan manusa. (Baca 1 Timotius 4:16.) Urang teu dibayar pikeun ngalakukeun pagawéan ieu. Ceuk Alkitab, ”Maranéh narima ieu teu dipénta bayaran, jadi ulah ménta bayaran.” (Matius 10:7, 8) Kadang, aya nu teu daék narima warta ti urang. Tapi, urang terus ngawawar ka jalma-jalma, lantaran ieu téh bagian tina ibadah urang sarta bisa nyenangkeun haté Yéhuwa.

HAYU NGULIK

Tingali naon upaya nu dilakukeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa pikeun ngawawarkeun warta hadé di sakuliah dunya, jeung tingali kumaha Yéhuwa ngabantu urang.

4. Urang sakuat tanaga ngawawar ka kabéh jalma

Saksi-Saksi Yéhuwa nyieun upaya nu gedé ngarah bisa ngawawar ka kabéh jalma di mana waé. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Sanggeus ningali upaya Saksi-Saksi Yéhuwa pikeun ngawawar, naon nu paling ngageuing haté anjeun?

Baca Matius 22:39 jeung Roma 10:13-15, terus bahas:

  • Ku naon kagiatan pangwawaran urang ngabuktikeun yén urang nyaah ka sasama?

  • Kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma-jalma nu ngawawarkeun warta hadé?​—Tingali ayat 15.

5. Urang téh batur gawéna Allah

Loba pangalaman nunjukkeun yén Yéhuwa téh ngabingbing pagawéan urang. Misalna pangalaman ti Paul, saurang sadérék ti Selandia Baru. Manéhna ngawawar ti imah ka imah, terus panggih jeung saurang awéwé. Saacanna, awéwé éta téh geus ngadoa ka Allah jeung nyebutkeun nami-Na, nyaéta Yéhuwa. Manéhna ménta supaya aya nu datang ka imahna pikeun ngabantu manéhna ngadeukeutkeun diri ka Allah. Paul ngomong, ”Tilu jam sanggeus manéhna ngadoa, abdi datang ka imahna.”

Baca 1 Korintus 3:9, terus bahas:

  • Kumaha pangalaman-pangalaman jiga nu kajadian di Selandia Baru nunjukkeun yén Yéhuwa ngabingbing pangwawaran?

Baca Kisah 1:8, terus bahas:

  • Ku naon urang butuh bantuan ti Yéhuwa pikeun ngajalankeun pagawéan ieu?

Anjeun apal teu?

Dina unggal pasamoan tengah minggu, urang dilatih pikeun ngawawar. Mun anjeun geus pernah datang ka pasamoan tengah minggu, ceuk anjeun palatihanana téh kumaha?

6. Urang taat kana paréntah Allah pikeun ngawawar

Dina abad kahiji, aya jalma-jalma nu hayang ngeureunkeun pangwawaran nu dilakukeun ku murid-muridna Nabi Isa. Jadi, urang Kristen ”ngagunakeun hukum pikeun ngabéla warta hadé”. (Filipi 1:7) Kiwari, Saksi-Saksi Yéhuwa gé ngalakukeun hal nu sarua. a

Baca Kisah 5:27-42, terus bahas:

MUN AYA NU NANYA: ”Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa sok datang ka imah-imah?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Nabi Isa méré paréntah ka murid-muridna pikeun ngawawarkeun warta hadé ka kabéh bangsa. Yéhuwa mantuan umat-Na pikeun ngajalankeun pagawéan ieu.

Nu geus dibahas

  • Kumaha warta hadé diwawarkeun di sakuliah dunya?

  • Ku naon kagiatan pangwawaran ngabuktikeun yén urang nyaah ka sasama?

  • Ceuk anjeun, na urang bisa bagja mun ngawawar? Ku naon?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa ngawawar ka jalma-jalma di kota gedé.

Kasaksian Métropolitan di Paris (5:11)

Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa ngawawar ka para pangungsi?

Méré Dahareun Rohani ka Para Pangungsi (5:59)

Perhatikeun pangalaman ti saurang jalma nu bungah lantaran ngagunakeun kahirupanana pikeun ngawawar.

Abdi Bungah Milih Jalan Hirup jiga Kieu (6:29)

Tingali sababaraha putusan penting ti pangadilan nu méré kabébasan ka urang pikeun ngawawar.

Para Pawarta Karajaan Mawa Kasusna ka Pangadilan” (Kerajaan Allah Memerintah!, bab 13)

a Anu méré paréntah ka urang pikeun ngawawar téh nyaéta Allah. Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa teu perlu idin ti pamaréntah manusa pikeun ngawawarkeun warta hadé.