Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 24

Saha Para Malaikat téh?

Saha Para Malaikat téh?

Yéhuwa téh hayang urang nyaho ka kulawarga-Na nu aya di sorga. Éta kaasup para malaikat nu disebut ogé ”putra-putra surgawi”. (Kajadian 6:2; Ayub 38:7) Naon nu dicaritakeun ku Alkitab ngeunaan malaikat? Naon nu dilakukeun ku maranéhna? Terus, na kabéh malaikat téh anggota kulawargana Yéhuwa?

1. Saha para malaikat téh?

Yéhuwa téh nyiptakeun para malaikat jauh saacan bumi ieu diciptakeun. Jiga Yéhuwa, para malaikat téh mahluk roh nu teu katingali nu hirup di sorga. (Ibrani 1:14) Malaikat téh jumlahna aya ratusan juta, terus kapribadianana gé béda-béda. (Wahyu 5:11) Maranéhna nurut kana paréntah Yéhuwa. (Jabur 103:20) Dina jaman baheula, Yéhuwa sok ngutus malaikat pikeun nepikeun warta, mantuan, jeung nyalametkeun umat-Na. Ari ayeuna mah, para malaikat ngabingbing urang Kristen supaya panggih jeung jalma-jalma nu hayang diajar ngeunaan Allah.

2. Saha Sétan jeung roh-roh jahat téh?

Sababaraha malaikat teu satia ka Yéhuwa. Malaikat nu mimiti barontak téh ”disebut Iblis jeung Sétan, nu keur nyasabkeun sakabéh penduduk bumi”. (Wahyu 12:9) Sétan hayang jadi pamingpin. Matakna, manéhna ngahasud Adam jeung Hawa. Ka dieunakeun, manéhna gé ngahasud malaikat-malaikat séjénna pikeun milu barontak. Para malaikat nu barontak téh disebut roh-roh jahat. Yéhuwa ngusir maranéhna ti sorga ka bumi sarta bakal ngabinasakeun maranéhna.​—Baca Wahyu 12:9, 12.

3. Kumaha carana Sétan jeung roh-roh jahat nyasabkeun urang?

Sétan jeung roh-roh jahat nyasabkeun loba jalma maké hal-hal gaib. Jalma-jalma ngagunakeun hal-hal gaib pikeun tatanya ka mahluk roh. Misalna, aya nu percaya ka dukun, tukang ramal, atawa ramalan béntang. Nu séjénna néangan pangobatan alternatif nu ngagunakeun hal-hal gaib. Terus, aya ogé nu katipu nepi ka manéhna percaya bisa ngobrol jeung jalma-jalma nu geus maot. Tapi Yéhuwa ngingetan urang, ”Ulah marenta nasehat ka tukang tatanya ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh.” (Imamat 19:31) Anjeunna méré naséhat jiga kitu téh sabab hayang ngalindungan urang ti Sétan jeung roh-roh jahat. Maranéhna téh musuhna Allah sarta hayang nyilakakeun urang.

HAYU NGULIK

Tingali hal-hal hadé nu dilakukeun ku para malaikat, bahayana hal-hal gaib, sarta kumaha carana ngalindungan diri ti Sétan jeung roh-roh jahat.

4. Para malaikat ngabantu jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa

Para malaikat teu ngawawar langsung ka jalma-jalma. Tapi, maranéhna nungtun umat Allah ka jalma-jalma nu hayang diajar ngeunaan Anjeunna. Baca Wahyu 14:6, 7, terus bahas:

  • Ku naon urang butuh bantuan malaikat pikeun ngawawar?

  • Kumaha parasaan anjeun sanggeus apal yén para malaikat bisa nungtun anjeun ka jalma-jalma nu hayang diajar Alkitab? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

5. Jauhan hal-hal gaib

Sétan jeung roh-roh jahat téh musuhna Yéhuwa. Maranéhna gé musuh urang. Baca Lukas 9:38-42, terus bahas:

  • Kumaha roh-roh jahat nyiksa manusa?

Urang embung roh-roh jahat mangaruhan kahirupan urang. Baca Pamindo 18:10-12, terus bahas:

  • Naon nu dilakukeun ku roh-roh jahat pikeun mangaruhan sarta komunikasi jeung urang? Ari di daérah anjeun, kumaha cara jalma-jalma komunikasi jeung mahluk roh?

  • Yéhuwa méré urang paréntah pikeun ngajauhan hal-hal gaib. Ceuk anjeun, na paréntah éta téh aya mangpaatna keur urang? Ku naon?

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, na jimat nu dipaké ku budakna Palesa téh bahaya? Ku naon?

  • Naon nu kudu dilakukeun ku Palesa supaya teu diganggu ku roh-roh jahat?

Urang Kristen nu sajati kudu ngalawan roh-roh jahat. Baca Kisah 19:19 jeung 1 Korintus 10:21, terus bahas:

  • Ku naon anjeun kudu nyingkirkeun kabéh hal nu aya hubunganana jeung hal-hal gaib?

6. Éléhkeun Sétan jeung roh-roh jahatna

Roh-roh jahat téh dipingpin ku Sétan. Ari para malaikat nu satia mah dipingpin ku Pamingpin malaikat nu ngaranna Mikail. Mikail téh ngaran séjénna Isa. Sakumaha kuat Mikail téh? Baca Wahyu 12:7-9, terus bahas:

  • Saha nu leuwih kuat, Mikail jeung para malaikatna atawa Sétan jeung roh-roh jahatna?

  • Ceuk anjeun, na murid-muridna Nabi Isa kudu sieun ka Sétan jeung roh-roh jahatna?

Anjeun bisa ngéléhkeun Sétan jeung roh-roh jahatna. Baca Yakobus 4:7, terus bahas:

  • Kumaha carana ngalindungan diri ti Sétan jeung roh-roh jahat?

AYA NU NGOMONG: ”Lalajo film jurig atawa maén game nu aya hal-hal gaibna téh teu nanaon, da éta mah ngan hiburan.”

  • Ku naon pamikiran jiga kitu téh bahaya?

INTI BAB

Para malaikat nu satia téh osok mantuan urang. Sétan jeung roh-roh jahatna téh musuhna Yéhuwa. Maranéhna nyasabkeun jalma-jalma maké hal-hal gaib.

Nu geus dibahas

  • Kumaha carana para malaikat mantuan jalma-jalma pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa?

  • Sétan jeung roh-roh jahat téh saha?

  • Ku naon anjeun kudu ngajauhan hal-hal gaib?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Ku naon urang bisa apal yén Isa téh Mikail Sang Pamingpin malaikat?

”Saha Mikail Sang Pamingpin Malaikat téh?” (Artikel dina jw.org)

Tingali yén Iblis téh teu ngan saukur sipat jahat dina diri urang.

”Na Iblis téh Pribadi nu Bener-Bener Aya?” (Artikel dina jw.org)

Tingali kumaha saurang awéwé bébas tina pangaruh roh-roh jahat.

”Hirupna Jadi Aya Hartina” (Warta Hadé 1 Juli 1993)

Perhatikeun kumaha Sétan ngagunakeun hal-hal gaib pikeun nipu jalma-jalma.

”Hal nu Sabenerna Ngeunaan Élmu Gaib jeung Sihir” (Jalan Menuju Kehidupan Abadi, bagian 5)