Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 25

Jang Naon Allah Nyiptakeun Urang?

Jang Naon Allah Nyiptakeun Urang?

Ceuk Alkitab, manusa téh ’pondok umurna sarta seueur kasusahna’. (Ayub 14:1) Na Allah mémang hayang manusa hirup jiga kitu? Lamun henteu, naon kahayang Allah? Na éta bakal jadi kanyataan? Tingali jawaban tina Alkitab nu nengtremkeun haté.

1. Yéhuwa hayang kahirupan urang jiga kumaha?

Yéhuwa hayang urang bener-bener bagja. Waktu nyiptakeun manusa nu mimiti, nyaéta Adam jeung Hawa, Anjeunna nempatkeun maranéhna di tempat nu éndah pisan, nyaéta Taman Éden. Geus kitu, Allah ngaberkahan maranéhna sarta ngomong, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta.” (Kajadian 1:28) Yéhuwa hayang maranéhna boga budak, ngarobah sakuliah bumi jadi pirdaus, sarta ngurus sasatoan. Anjeunna téh hayang kabéh jalma séhat sarta hirup langgeng.

Mémang, kahirupan urang ayeuna teu jiga nu dipiharep ku Allah. a Tapi kahayang Anjeunna téh teu barobah. (Yesaya 46:10, 11) Nepi ka ayeuna, Anjeunna hayang jalma-jalma nu satia hirup langgeng dina kaayaan nu sampurna.​—Baca Wahyu 21:3, 4.

2. Kumaha supaya urang bisa bagja ti ayeuna kénéh?

Ti mimiti diciptakeun, manusa téh ”ngarasa perlu dibingbing ku Allah”, éta sababna urang hayang kenal jeung ibadah ka Anjeunna. (Baca Matius 5:3-6.) Yéhuwa hayang urang nyobat jeung Anjeunna, ’nyaah ka Anjeunna, ngalampahkeun pangersa-Na’, sarta ngalayanan Anjeunna ”saiklas-iklasna”. (Yosua 22:5; Jabur 25:14) Lamun urang ngalakukeun éta kabéh, urang bisa bener-bener bagja najan urang boga loba masalah. Terus lamun urang ibadah ka Yéhuwa jeung ngajalankeun kahayang-Na, urang téh jadi boga tujuan hirup.

HAYU NGULIK

Perhatikeun kanyaah Yéhuwa nu luar biasa anu katingali waktu Anjeunna nyiptakeun bumi ieu keur urang. Terus, tingali naon nu disebutkeun dina Firman-Na ngeunaan tujuan hirup urang.

3. Yéhuwa hayang manusa hirup bagja

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon Allah nyiptakeun bumi nu éndah ieu?

Alkitab nyebutkeun, Yéhuwa méré ”kalanggengan dina haté” manusa. (Pandita 3:11, NW) Bahas:

  • Tina ayat ieu, Yéhuwa hayang manusa hirup sabaraha lila?

4. Kahayang Yéhuwa téh teu pernah barobah

Baca Jabur 37:11, Yesaya 55:11, jeung 1 Yahya 2:17, terus bahas:

  • Ku naon urang bisa yakin yén kahayang Yéhuwa teu pernah barobah?

5. Mun ibadah ka Yéhuwa, urang bisa boga tujuan hirup

Mun boga tujuan hirup, urang bakal bagja. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha kahirupan Terumi barobah sanggeus manéhna boga tujuan hirup?

Baca 1 Yahya 5:3, terus bahas:

  • Kumaha carana nunjukkeun yén urang nganuhunkeun ka Yéhuwa nu geus méré loba hal keur urang?

MUN AYA NU NANYA: ”Naon tujuan Allah nyiptakeun manusa?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Yéhuwa hayang urang jadi sampurna jeung hirup bagja salilana di bumi. Lamun urang ibadah ka Anjeunna ku sapinuh haté, urang bakal boga tujuan hirup ti ayeuna kénéh.

Nu geus dibahas

  • Waktu nyiptakeun Adam jeung Hawa, Yéhuwa hayang méré kahirupan nu jiga kumaha?

  • Ku naon urang bisa yakin yén kahayang Allah teu barobah?

  • Kumaha supaya anjeun boga tujuan hirup?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Baca bukti-bukti nu nunjukkeun yén Taman Éden téh mémang pernah aya.

”Taman Éden téh Ngan Saukur Dongéng atawa Bener-Bener Aya?” (Warta Hadé 1 Januari 2011)

Ku naon urang bisa yakin yén bumi moal bakal ancur?

”Naha Enya Bumi Bakal Diancurkeun?” (Artikel dina jw.org)

Tingali kumaha ceuk Alkitab ngeunaan tujuan hirup ieu.

”Naon Tujuan Urang Hirup?” (Artikel dina jw.org)

Saurang lalaki ngarasa aya nu kurang dina hirupna, padahal saacanna manéhna mikir geus boga sagalana.

Ayeuna Kahirupan Abdi Jadi Aya Hartina (3:55)

a Dina bab saterusna, urang bakal ningali ku naon kahirupan urang jadi jiga kieu.