Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 27

Kumaha Maotna Nabi Isa Bisa Nyalametkeun Urang?

Kumaha Maotna Nabi Isa Bisa Nyalametkeun Urang?

Urang téh boga dosa, sangsara, jeung maot lantaran pasangan manusa anu mimiti, nyaéta Adam jeung Hawa, henteu taat ka Allah. a Tapi urang boga harepan. Yéhuwa ngutus Putra-Na, nyaéta Isa Al-Masih, ka bumi pikeun jadi tebusan supaya urang bisa bébas tina dosa jeung maot. Tebusan téh harga nu kudu dibayar pikeun ngabébaskeun saurang jalma. Nabi Isa nebus urang ku kahirupanana anu sampurna sabagé manusa. (Baca Matius 20:28.) Sabagé manusa nu sampurna, Nabi Isa téh bisa hirup langgeng di bumi. Tapi, manéhna réla ngorbankeun kahirupanana supaya urang bisa miboga deui harepan anu geus dileungitkeun ku Adam jeung Hawa. Nabi Isa gé nunjukkeun yén Yéhuwa jeung manéhna téh nyaah pisan ka urang. Bab ieu bakal ngabantu anjeun supaya bisa leuwih ngahargaan pangorbanan Nabi Isa.

1. Tina maotna Nabi Isa, mangpaat naon anu bisa urang rasakeun ayeuna?

Lantaran boga dosa, urang sering ngalakukeun hal-hal anu teu dipikaresep ku Yéhuwa. Tapi, lamun urang bener-bener ngarasa kaduhung, ngadoa ka Yéhuwa liwat ngaran Nabi Isa pikeun ménta pangampura, jeung upaya sabisa-bisana supaya teu ngalakukeun deui kasalahan nu sarua, urang bisa nyobat jeung Allah. (1 Yahya 2:1) Ceuk Alkitab, ”Pan Al-Masih gé, jalma bener téa, maot demi jalma-jalma nu teu bener. Manéhna maot sakali keur salilana pikeun nyingkirkeun dosa jeung nungtun aranjeun ka Allah.”​—1 Pétrus 3:18.

2. Tina maotna Nabi Isa, mangpaat naon anu bakal urang rasakeun ka hareupna?

Yéhuwa ngutus Isa ka bumi pikeun ngorbankeun kahirupanana anu sampurna ”supaya unggal jalma nu boga iman ka [Isa] moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng”. (Yahya 3:16) Ku pangorbanan Nabi Isa ieu, Yéhuwa bakal nyingkirkeun kabéh hal goréng di dunya ieu, anu disababkeun ku Adam nu teu taat. Jadi, lamun urang boga iman kana tebusan Nabi Isa, urang bakal boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi pirdaus!​—Yesaya 65:21-23.

HAYU NGULIK

Hayu urang tingali ku naon Nabi Isa ngorbankeun kahirupanana jeung naon mangpaatna keur urang.

3. Maotna Nabi Isa ngabébaskeun urang tina dosa jeung maot

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Waktu Adam teu taat ka Allah, manéhna kaleungitan naon?

Baca Roma 5:12, terus bahas:

  • Naon pangaruhna dosa Adam keur anjeun?

Baca Yahya 3:16, terus bahas:

  • Ku naon Allah ngutus Putra-Na ka dunya?

  1. Adam téh manusa anu sampurna. Lantaran manéhna teu taat ka Allah, kabéh manusa jadi boga dosa ogé sarta tungtungna bakal maot

  2. Nabi Isa téh manusa nu sampurna. Lantaran manéhna taat ka Allah, kabéh manusa jadi boga harepan pikeun hirup langgeng jeung sampurna

4. Maotna Nabi Isa bisa méré mangpaat keur kabéh jalma

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha maotna saurang jalma bisa nyalametkeun kabéh manusa?

Baca 1 Timotius 2:5, 6, terus bahas:

  • Adam téh manusa nu sampurna. Tapi lantaran manéhna ngalakukeun dosa, kabéh manusa jadi boga dosa ogé sarta tungtungna bakal maot. Nabi Isa gé sampurna jiga Adam. Dina ayat ieu, tebusan Nabi Isa téh jadi tebusan nu kumaha? Naon mangpaatna keur manusa?

5. Tebusan téh hadiah ti Yéhuwa keur anjeun

Sobat-sobat-Na Yéhuwa nganggap tebusan téh hadiah keur maranéhna masing-masing. Misalna, baca Galatia 2:20, terus bahas:

  • Kumaha Rasul Paulus nunjukkeun yén manéhna nganggap tebusan sabagé hadiah keur manéhna?

Ku lantaran Adam ngalakukeun dosa, manéhna jeung kabéh turunanana téh bakal maot. Tapi, Yéhuwa ngutus Putra-Na pikeun maot demi anjeun. Ku kituna, anjeun boga harepan pikeun hirup langgeng.

Baca Yahya 19:1-7, 16-18. Bari maca ayat-ayat éta, bayangkeun kumaha parasaan Yéhuwa ningali Putra-Na sangsara, terus bahas:

  • Sanggeus apal pangorbanan nu dijieun ku Yéhuwa jeung Nabi Isa keur anjeun, kumaha parasaan anjeun?

MUN AYA NU NANYA: ”Ku naon maotna Nabi Isa bisa nyalametkeun kabéh manusa?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Yéhuwa bisa ngahampura kabéh dosa urang sabab Nabi Isa geus maot demi urang. Urang gé jadi boga kasempetan pikeun hirup langgeng.

Nu geus dibahas

  • Ku naon Nabi Isa maot?

  • Ku naon maotna Nabi Isa téh jadi ”tebusan nu sabanding”?

  • Anjeun meunang mangpaat naon tina maotna Nabi Isa?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Ku naon kahirupan Nabi Isa nu sampurna téh bisa jadi tebusan?

”Kumaha Korban Yésus Bisa ’Nebus Jalma Rea’?” (Artikel dina jw.org))

Naon nu kudu dilakukeun ku urang supaya disalametkeun?

”Kumaha Yésus Nyalametkeun Urang?” (Artikel dina jw.org)

Na Yéhuwa bakal ngahampura dosa nu gedé?

”Pananya nu Dijawab Alkitab” (Warta Hadé 1 Méi 2013)

Pangalaman saurang lalaki anu bisa ngarobah sipat-sipatna sanggeus diajar ngeunaan korban tebusan Nabi Isa.

”Abdi Henteu Jadi Jalma nu Telenges Deui” (Artikel dina jw.org)

a Dosa téh teu ngan saukur ngamaksudkeun kalakuan anu salah. Dosa ogé ngamaksudkeun kaayaan teu sampurna nu diwariskeun ku Adam jeung Hawa. Éta ngalantarankeun urang boga hasrat pikeun ngalakukeun hal nu goréng.