Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 30

Jalma-Jalma nu Dipikanyaah ku Anjeun Bisa Hirup Deui!

Jalma-Jalma nu Dipikanyaah ku Anjeun Bisa Hirup Deui!

Lamun aya kulawarga atawa babaturan urang nu maot, urang pasti sedih pisan. Éta sababna, Alkitab nyebut maot téh musuh. (1 Korintus 15:26) Dina Bab 27, urang geus ngabahas yén Yéhuwa bakal ngéléhkeun musuh éta. Tapi, kumaha jeung jalma-jalma nu ayeuna geus maot? Dina bab ieu, urang bakal ngabahas hiji jangji nu luar biasa ti Yéhuwa. Anjeunna bakal ngahirupkeun deui miliaran jalma supaya maranéhna bisa hirup langgeng. Tapi, na éta mémang bakal jadi kanyataan? Terus mun jalma-jalma dihirupkeun deui, maranéhna bakal dihirupkeun di mana? Di sorga atawa di bumi?

1. Yéhuwa hayang ngalakukeun naon ka kulawarga jeung babaturan urang nu geus maot?

Yéhuwa hayang ngahirupkeun deui jalma-jalma nu geus maot. Baheula, Ayub yakin pisan Allah moal poho ka manéhna najan manéhna maot. Ceuk Ayub, Allah bakal manggil manéhna, terus manéhna bakal ngajawab ti alam nu paraéh.​—Baca Ayub 14:13-15.

2. Ku naon urang bisa yakin yén nu maot bisa dihirupkeun deui?

Waktu Nabi Isa aya di bumi, manéhna dibéré kawasa ku Allah pikeun ngahirupkeun deui jalma nu geus maot. Misalna, Isa ngahirupkeun deui budak awéwé nu umurna 12 taun. Manéhna gé ngahirupkeun deui budak lalakina saurang randa. (Markus 5:41, 42; Lukas 7:12-15) Ka dieunakeun, Isa ngahirupkeun deui babaturanana nu geus maot, nyaéta Lazarus. Sanajan Lazarus geus maot jeung dimakamkeun salila opat poé, Isa bisa ngahirupkeun deui manéhna. Sanggeus ngadoa ka Allah, Isa ngagorowok, ”’Lazarus, geura kaluar!’ Kurunyung nu tadina maot téh kaluar.” Lazarus hirup deui! (Yahya 11:43, 44) Kulawarga jeung babaturanana Lazarus pasti bungah pisan!

3. Naon harepan keur kulawarga atawa babaturan anjeun nu geus maot?

Alkitab jangji yén ”nu maot bakal dihirupkeun deui”. (Kisah 24:15) Baheula, jalma-jalma nu dihirupkeun deui ku Isa téh lain keur aya di sorga. (Yahya 3:13) Maranéhna senang waktu dihirupkeun deui di bumi. Kitu ogé, sakeudeung deui Isa bakal ngahirupkeun deui miliaran jalma supaya bisa hirup langgeng di bumi pirdaus. Ceuk manéhna, kabéh jalma nu diinget ku Allah bakal dihirupkeun deui, sanajan manéhna geus teu diinget ku batur.​—Yahya 5:28, 29.

HAYU NGULIK

Perhatikeun bukti dina Alkitab nu nunjukkeun yén jalma nu geus maot bisa jeung bakal dihirupkeun deui. Terus, tingali kumaha harepan éta bisa nguatkeun jeung nengtremkeun haté anjeun.

4. Nabi Isa ngabuktikeun yén manéhna bisa ngahirupkeun deui nu geus maot

Hayu tingali naon nu dilakukeun ku Nabi Isa keur babaturanana, nyaéta Lazarus. Baca Yahya 11:14, 38-44, terus bahas:

  • Ti mana urang apal yén Lazarus mémang geus maot?​—Tingali ayat 39.

  • Mun Lazarus geus aya di sorga, na Isa bakal ngahirupkeun deui manéhna jeung maksa manéhna hirup di bumi?

Setél VIDÉO.

5. Loba jalma bakal dihirupkeun deui!

Baca Jabur 37:29, a terus bahas:

  • Miliaran jalma bakal dihirupkeun deui di mana?

Nabi Isa bakal ngahirupkeun deui loba jalma, teu ngan nu ibadah ka Yéhuwa hungkul. Baca Kisah 24:15, terus bahas:

  • Waktu jalma-jalma dihirupkeun deui, anjeun hayang panggih jeung saha?

Pék pikirkeun: Keur Isa mah ngahirupkeun deui jalma nu geus maot téh babari, jiga saurang bapa nu ngahudangkeun budakna nu keur saré

6. Dikuatkeun jeung jadi tengtrem lantaran boga harepan

Loba jalma nu keur sungkawa ngarasa dikuatkeun jeung tengtrem sanggeus maca kisah budak awéwéna Yairus nu dicatet dina Alkitab. Baca kisahna dina Lukas 8:40-42, 49-56.

Saacan Isa ngahirupkeun budak awéwéna Yairus, manéhna ngomong kieu ka Yairus, ”Ulang hariwang, percaya wéh.” (Tingali ayat 50.) Kumaha harepan ngeunaan dihirupkeunana deui nu maot bisa ngagedékeun haté anjeun . . .

  • waktu aya kulawarga atawa babaturan anjeun nu maot?

  • waktu nyawa anjeun kaancam?

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha harepan ngeunaan dihirupkeunana deui nu maot ngagedékeun haté kolotna Phelicity?

AYA NU NGOMONG: ”Jalma nu maot bakal ka sorga, moal dihirupkeun deui di bumi.”

  • Ceuk anjeun kumaha?

  • Ayat mana nu bisa anjeun gunakeun pikeun nunjukkeun yén kalolobaan jalma nu maot bakal dihirupkeun deui di bumi?

INTI BAB

Jangji dina Alkitab nyebutkeun, miliaran jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui. Yéhuwa hayang ngahirupkeun deui maranéhna. Anjeunna méré kawasa ka Nabi Isa pikeun ngahirupkeun deui nu geus maot.

Nu geus dibahas

  • Ti mana urang apal yén Yéhuwa jeung Nabi Isa hayang ngahirupkeun deui jalma nu geus maot?

  • Waktu miliaran jalma dihirupkeun deui, maranéhna bakal hirup di mana? Di sorga atawa di bumi? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

  • Ku naon anjeun yakin yén jalma-jalma nu dipikanyaah ku anjeun bakal hirup deui?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Urang kudu kumaha lamun keur sungkawa?

”Bantuan keur Jalma nu Sungkawa” (Éling! No. 3 2018)

Na prinsip-prinsip dina Alkitab bisa mantuan jalma nu keur sungkawa?

Waktu Ditinggal Maot ku Jalma nu Dipikanyaah (5:06)

Kumaha carana ngahibur budak leutik nu ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturanana?

Tebusan (2:07)

Na kabéh jalma bakal dihirupkeun deui di sorga? Saha nu moal bakal dihirupkeun deui?

”Dihirupkeun Deui tina Maot téh Maksudna Kumaha?” (Artikel dina jw.org)

a Jabur 37:29 (NW): ”Bumi bakal dipimilik ku jalma-jalma bener, sarta maranéhna bakal cicing di ditu salilana.”